**********************************
(.. heuheuy deuh!!! aya tatangga euy!! :P)

Haturan Kang Yosep!

Wilujeng sumping, hapunten bilih telat ngabageakeuna!!
Nepangkeun, kuring pun adi, kawit ti Bandung, ayeuna nuju bubuara di Abu Dhabi!!
Usum naon di Oman, Kang? di dieu mah nuju rame kanggo persiapan Gotra-Sawala para pangagung nagri Teluk (GCC tea ningan)..... nu aheng mah, tadi enjing teh taman di sagedengeun kantor teh teu sing endah kembangan.... na ari bieu ka payun teh, ningan tas disulap deui jadi taman kembang nu warna warni kelirna .... edun!!!, kitu ningan nya nu kagungan cicis mah!!! ... enya!! saucap sanyata... hayang taman nu langsung kembangan oge langsung sadia!! ckcckck.... na ieu teh saciduh metu tea panginten, nya?? hehehheheh
Tos heuala ah, ke dilajeng deui!!

Salam,


-pun adi-
**********************************

On 12/17/05, Yosep Hania <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wilujeng tepang kang abyan,
Sasalaman heula nya...wasta abdi yosep, kawit ti sumedang ayeuna
ngumbara di Oman.
Klaten na di mana kang? Pun bojo ti klaten oge....caket terminal klaten.
Di gergunung persis namah....

Sok lah sing betah-betah di ieu Kusnet sareng di klaten, sugan wae
kenging urang ditu, kan janten aya rencang abdi...hehehe (punten upami
tos gaduh di bandung, nyaa aatuh kanggo nomer 2. hehehe)

Cag ah
Yosep

---xxx


--
*******************************************
http://www.urang-sunda.or.id/
http://www.sundanet.com/
http://su.wikipedia.org/wiki/Tepas
http://pituin.multiply.com/
--------------
Bilih kagungan waktos, hayu urang ngeureuyeuh Poesaka Soenda tea.
Ramatlokana di dieu http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/
Sejana ilubiung kintun bae ka [EMAIL PROTECTED]
*******************************************

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke