Hatur nuhun , Kang Andi! parantos keresa rurumpaheun sindang ka saung kuring.
Di estokeun pisan perkawis Kawih Ceurik Rahwana-na, insya alloh urang lereskeun heula teu gantung-ngunjala.
Pekawis Cacandrana lan Kukupuna oge seja diestokeun, manawi urang paluruh heula. Pidu'ana bae, mugi tiasa kapendak nu dipundut salira.
Baktosna,
-pun adi-
************************************
On 12/17/05, ar3andi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kahatur Kang Adi,
Mugia Akang sakulawargi dina danget ieu aya dina ginanjar kawilujengan
sareng aya dina panangtayungan Gusti Anu Murbeng Alam,..
Hatur nuhun pisan
Abdi parantos nga downdload `harta karun` ti site akang
http://pituin.multiply.com/
Mani asa mobok manggih gorowong, aya jalan komo mentas tea,....
Harta karun teh, haleuang aya 230 MB, atuh tanah Parahyangan na 87 MB
teu `disesakeun`,...parantos `diamankeun` dina hardisk sim kuring.
Komo degung sareng pupuh na mah,..ka lebet na barang antik pisan ieu mah
Basa ningal Tanah Parayangan mah bari ngupingkeun degung,.....teu
karaos,...kagagas,...cimata rembey ti juru panon,....iraha kuring bisa
mulang deui ka lembur kakasih,..?
Sakali deui hatur nuhun,... Kang Adi
Baktosna
Andi
Note:
1. Ceurik Rahwana na katingalna mah kapotong?
2. Manawi gaduh haleuang Cacandran sareng Kukupu,...
3. Manawi tiasa masihan pitunjuk,..sites anu nyimpen harta karun
haleuang sunda?
---xxx
*******************************************
http://www.urang-sunda.or.id/
http://www.sundanet.com/
http://su.wikipedia.org/wiki/Tepas
http://pituin.multiply.com/
--------------
Bilih kagungan waktos, hayu urang ngeureuyeuh Poesaka Soenda tea.
Ramatlokana di dieu http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/
Sejana ilubiung kintun bae ka [EMAIL PROTECTED]
*******************************************
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

