Waalaikumsalam wr. wb.
Hatur nuhun
kang … Numawi ti volunteer na
teu acan terang naon wae
alat-alat nu bade dihibahkeunna.
Upami uninga
standar kanggo RS daerah diantos pisa, saterasna bade dipasihkeun ka volunteerna, engke anu aya diwartosan
deui.
NB. Mas Anto ayeuna visiting prof di Chukyou, Kang Irwan sareng Kang Gun Insya Allah Maret taun payun rengse,
Kang Dadong tos rengse Maret taun
ieu.
Wassalam,
Budhi Setiawan
Kurono Kopo
241
-----Original
Message-----
From: [email protected]
[mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf
Of dadang rukanta
Sent: Sunday, December 18, 2005
1:41 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Alat-alat
Rumah Sakit
Assalamu'alaikum
Wr Wbr.
Kang Budi, nepangkeun abdi pun Dadang Rukanta,
danget ieu damel di
Rumah Sakit Al Islam Bandung salaku Dokter Bedah
oge Kapapancenan
nyepeng tugas di Kabid Pelayanan Medis..
Punten bade mairan perkawis alat RS, Numutkeun
pamendak abdi RS di
Gifu upami di urang
mah levelna RS kelas C+ atanapi B, hartosna
kagungan alat kanggo fasilitas pelayanan
Spesialistik (perkawis
spesifikasi ku abdi kaimpleng saena sok sanaos
taun 98- margi abi
kantos ngalap elmu di salah sahiji RS di Nagoya).
Kumargi kitu upami
eta alat medis teh di ancokeun nana kanggo RS
Daerah anu kedah
panginten teu sadaya daerah nu tiasa nganggo ku
margi failtas
pendukung sareng sumber daya nu kirang. Tah abdi
ngusulkeun kumaha
upami daftar alat tea tiasa di mail ka abdi, ke ku
abdi dicirian mana
nu tiasa dianggo di Urang. Upami teu tiasa, mangga
ke ku abdi di
susun daftar alat medis nu janten standar RS
daerah oge RS klas C
sareng B numutkeun standar RS ti Depkes. (tiasa
nganggo japri
manawi). Sakitu heula. Hatur nuhun.
NB. Waktos abdi di Nagoya, nu masih
aya teh panginten Mas Anto, Kang
Irwan Kang Gunawan oge Kang dadong (naha tos rengse
atanapi tos ka
Lemburna deui kitu ??)
Wassalamu'alaikum..
Dadang/daeng
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam
protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS