Hatur nuhun Bah Willy.
Leres maksad abdi oge VOC mah sanes dikuasai pribumi, da eta mah perusahaan Walanda tea, nya nu korupsina urang Walanda keneh, nu ngamangfaatkeun tanaga-tanaga para dalem keur meres rakyat di perkebunan. Mung saurna, kakawasaan VOC oge Walanda salajengna nu jadi ngalanggengkeun praktek korupsi, nu diteraskeun dugi ka ayeuna. Bentukna mah rupi2, henteu maling artos wae, tapi penyalahgunaan wewenang nu nguntungkeun penguasa. Conto-contona perkawis pagawe Walanda sapertos Residen nu korupsi (ngarempak aturan) dina Buku Ong Hok Kam aya. Jadi Walanda oge katepaan korupsi ku urang Jawa (Mataram) hehehe..... Naon wae nu asup ka Jawa, niley2 ti mana wae oge bakal menyesuaikan jeung nilai tradisi Jawa (Mataram). Hebat lah Jawa (Mataram).
 
Baktos,
ika
 

Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Teh Ika, sakaterang sim kuring nu korupsi di pausahaan dagang VOC teh sanes
urang pribumi, tapi urang Walandana nyalira. Janten ceuk si kuring mah teu
aya hubungan langsung antara VOC (nu padamelna sadayana urang Walanda) jeung
urang pribumi. Naha ari jaman harita (abad 17 & 18) kaum pribumi korupsi?
ceuk kuring mah ti palebah mana urang ningalina. Keur ukuran jaman ayeuna
leres maranehna korupsi tapi keur ukuran jaman harita mah kuring yakin para
dalem jeung pangawasa nu sejen ngartieun oge henteu naon nu disebut korupsi
teh. Dalem di jaman harita, mangrupakeun raja leutik nu maha kawasa. Rahayat
teh "milik" maranehna jeung rahayatna oge narima. Nu pangheulana ribut soal
urang pribumi korupsi, sanes bangsa Urang, tapi Douwes Dekker (DD) alias
Multatuli urang Walanda nu jadi asisten residen di Lebak. Manehna ningali
Bupati Lebak korupsi jeung neken rakyatna sabab DD mamawa "ukuran" moral ti
nagarana. DD ngadukeun kalakuan bupati lebak ka atasanana, tapi para atasan
DD mangmeunangkeun Bupati Lebak, DD dipecat. Para pangawasa Walanda, jigana
lain teu terang Bupati Lebak salah (ceuk ukuran Walanda), tapi ......da
meureun di dieu mah ilahar we kalakuan kitu teh, lain kalakuan salah jeung
gede bahayana lamun nindak sang bupati, sabab engkena bisi barontak.


Baktos,
WALUYA

  ----- Original Message -----
From: ika mardiah
To: [email protected]
Sent: Sunday, December 18, 2005 12:16 PM
Subject: [Urang Sunda] negara eksperimen


Numutkeun sejarawan UI,  Ong Hok Kam (punten upami lepat nyerat), kabiasaan
korupsi di Indonesia, warisan ti Mataram diteraskeun ku VOC (dugi ka
bangkrutna) oge ku para penguasa Walanda saatos VOC bubar. Jadi tradisi
Mataram kuat pisan di tanah Jawa oge Indonesia. Janten sanes kulantaran
revolusi. Da dina revolusi oge rakyat mah angger jadi korban, nu kawasa
angger para manten ambtenar.


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke