|
Urang Sumedang Corengcang,
ngarangrangan, meureun ayeuna geus nepi kaugana, antukna Jati kasilih ku
Junti, da urang sumedang mah resep pisan ngumbara ka lembur batur, tong boroning
ngumbara ka nu jauh dalah ka Bandung ge sok loba nu langsung bumen bumen
ditempat pangumbaraanana. Teu bisa disalahkeun mun bupatina ge lain pituin
Sumedang, da geus nepi ka uga tea Jati ka silih ku Junti.
Ciciren nu sejenna, toko-toko Cina geus
ngaderet, tong boroning sakiduleun cipeles dalah sabudeureun dayeuh Sumedang ge
geus ngaleutak. Solokan dielis sisina, enya kuayana program irigasi tea tiap
solokan sok ditembok sisina. Cipeles dibendung ? Meureun nu bakal jadi mah
Cimanuk dibendung dina program proyek Jati Gede tea. Ngirim angeun ti
Batawi ka sumedang haneut keneh, tangtu da ayeuna mah geus aya jalan
Cipularang tea, komo jalan tol Cileunyi-Dawuan jadi dibangun mah bisa
ngebul keneh, ongkoh sapanjang jalan diwadahan kana magic com tur
dicolokeun kana listrik deuih. Anu panungtung sigana uga anu ditunggu tunggu ku
jalma pangedulan, lalaki purah tunggu imah, awewe nyiar kipayah. Ceuk lalaki nu
pangedulan "eta uga aya ku tegep!"
SR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS
|

