Muhun puguh...abdi oge anu ageung di Bogor, ngaraos Prihatin ku kaayaan kota Bogor ayeuna. Anu utami-na mah..panginten, rasa cinta/nasionalisme (kotalisme??) ka kota Bogor teh..atos kirang. Janten rasa memiliki (naon-nya bahasa Sundana), rasa bela ka kota Bogor teh atos luntur, kusabab lunturna eta teh..perasaan hoyong ngajagi kota urang teh..janten teu aya...
Lagu himne kota bogor teh..ayeuna mah tos henteu berlaku... "Bogor kota Indah Sejuk Nyaman' "Bagai kota di dalam taman"... Duh...Bogor... Leres saur Kang Ohne Iskandar, urang kedah disiplin...tapi lamun urang disiplin batur henteu..kumaha atuh nya kang? Keneh keneh wae atuh nya?+ -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Ohne Iskandar Sent: Tuesday, December 20, 2005 11:03 AM To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Bogor jeung Depok kota paling kotor Saderek sadaya tangtos tos uninga yen Bogor sareng Depok teh nembe kenging penghargaan ti Kementrian Lingkungan Hidup salaku DUA KOTA TERKOTOR di Jawa Barat (nu sanesna Tangerang, Batam, Palembang, BAndar Lampung). Tangtos ieu teh sanes berita akhir taun anu ngabubungah hate. Anu janten pangtarosan nyaeta kunaon tiasa kitu? Bogor taun 70-an, nuju abdi masih SD keneh, raos pisan, nya hawana nya lalu lintasna. Na ari ayeuna...jalan macet hejo ku angkot, panas ngahiji sareng aseup knalpot, kotor sapaparat jalan. Lepat saha ieu teh?. Sanes abdi bade milarian saha nu lepat. Katingalina urang sadaya teu tiasa disiplin. Miceun runtah tina mobil lung ka jalan, lung ka walungan, angkot-angkot ngetem dimana wae, beca jalan ngalawan arus. Na kalakuan kitu teh tos dianggap lumrah. Mugi bae penghargaan ti KLH ka urang Bogor sareng Depok teh tiasa janten pecut ka sadaya pikeun ngarobah kabiasaan. Nuhun. Baktos Nday nu urang Bogor __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Clean water saves lives. Help make water safe for our children. http://us.click.yahoo.com/YNG3nB/VREMAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

