Pamandangan sim kuring mah anu penting sareng utami, balarea kedah aruninga usaha KAS teh naon bungkeuleukanana sareng di mana tempatna, kumaha kalangsungan usahana ka payuna, malih pait amisna oge kedah tos kareken??. Perkawis modal anu bakal dikumpulkeun tina simpenan wajib sareng simpenan poko, engke oge otomatis balarea insya Alloh pada ngarojong. Sok ah dilajengkeun.

cep_runa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mangga kang, hayu lah.....
Mangga saha deui anu minat dina ieu wadah ekonomi teh ?
Mugi wae ku ayana ieu Koperasi Amanah Sunda (KAS), tiasa
ngamajengkeun paekonomian US. Amin...
Mangga lajeungkeun..
Mangga kang agus dilajengkuen...


On Mon, 19 Dec 2005 23:19:17 -0800 (PST)
  Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ari kang Agus geuning no HP teh sababaraha kali SMS teu
>dugi wae ??? Plexi kitu?
>  Kuring aya minat ulubiung dina usaha Koperasi Amanah
>Sunda, tapi usahana naon? di mana? Mun aya mah kedah aya
>oge anu koreh-koreh cok, sapertos warung ampera di sadaya
>kota, komo mun tiasa di luar nagara mah. Da urang walanda
>jeung urang Jerman oge saredepeun eta teh goreng endog
>lauk sareng sambel tarasi dicoel lalaban sarupaning
>leunca terong sareng sajabina. Ulah anu lami panen
>sadayana. Urang lawan lah KFC, TEXAS, MD, anu USA ku
>Sangu Timbel Complit anu US
> tiasa nya? Wallohhualam,-

> "Agus K \"PAKUSARAKAN\"" <[EMAIL PROTECTED]>
>wrote:
>        Assalmu’alaikum Wr, Wb.   
>  Sampuranun....
>  Kumaha arandika wargi Bakus? Daramang? Mugi-mugi bae
>sing daramang, salamina aya dina nik’mat sehat oge
>nik’mat iman.. Amin ya robbal alamin....
>  
>  Wargi sadayana,
>  Salah sahiji kaputusan rapat DES di Kebon Raya, Bogor,
>urang rek ngadegkeun koperasi. Ngaranna Koperasi Amanah
>Sunda -- disinget KAS. Kaula ditunjuk salaku
>koordinatorna -- lain pangurus, da pangurus mah engke
>dipilih ku anggota.
>  
>  Tah, salaku koordinator, kaula rek nohonan naon-naon nu
>ti heula dijangjikeun: Muka rekening pikeun panampungan
>calon anggota, saencan eta koperasi boga rekening
>sorangan. Oge, nyieun polling pikeun nangtukeun sabaraha
>kuduna simpenan poko jeung simpenan wajib eta koperasi.
>  
>  Saha nu arek jadi anggota, sok kirimkeun simpenan wajib
>jeung simpenan pokona ka :
>  
>  BCA KCP Percetakan Negara
>  No. 7420092037
>  a/n MAMAN GANTRA
>  
>  Dumasar kana polling, gedena simpenan poko Rp 1.000.000
>(Sayuta), bisa dicicil salila 10 bulan. Anapon simpenan
>wajib Rp 50.000 (Lima puluh rebu) sabulan. Jadi, sing
>saha nu hayang jadi anggota, dina 10 bulan kahiji mah
>setorna teh Rp 150.000 (cicilan simpenan poko jeung
>setoran simpenan wajib). Simpenan sukarela mah nya
>saridona. Rek sabaraha oge meunang.
>  
>  Sing sakur nu setor atawa transfer ulah poho ngaemail
>ka kaula, nu di-cc-keun ka Kang Runa, bari nyebutkeun
>bukti setor, jumlah, tanggal, ngaran, jeung bank tempat
>ngirimna.
>  
>  Satadina mah rek nyieun rekening bersama. Tapi, ku
>alatan perkara administrasi, oge waktu, eta rekening
>bersama (nu oge sipatna sementara) teh can bisa keneh
>dijieun. Ahirna kuring nginjeum rekening salah sahiji
>pangurus Yayasan Perceka (Kang Maman Gantra).
>  
>  Insya Allah, kahareup, di mana anggotana geus jelas
>saha-sahana, oge pangurus jeung kumaha ketakna, KAS bakal
>nyieun rekening nu maneuh. Ieu mah saheulaanan bae.
>Sementara. Pan, peminat atawa nu boga karep kana ieu
>koperasi ge ayeuna mah can puguh saha-sahana. Malah, can
>puguh aya heunteuna.
>  
>  Keur ngajaga hal-hal nu teu dipiharep, buku jeung kartu
>ATM eta rekening teh dicekel ku kaula. Satadina mah rek
>dipihapekeun ka salah sahiji inohong, sangkan leuwih
>aman. Tapi, bisi nyesahkeun anjeunna. Saheulaanan mah
>siga kieu bae. Pan, kaula ge teu bisa nyokot eta duit.
>  

::ri_1:: - Jajaka Pertentang Siap Tandang Makalangan
KUSnet - [email protected]
www.urang-sunda.or.id
========================================================================================
Ikuti Kuis Ramadhan bersama TelkomNet Instan dari 12 Oktober s.d 2 Nopember 2005 di
http://www.plasa.com/jatim
dan dapatkan hadiah setiap minggunya ! (khusus Jawa Timur)
========================================================================================

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke