On Tue, 20 Dec 2005 17:11:35 -0800 (PST) Nana Tea <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kedah na mah "back To Leuit". hanjakal pangabutuh >rahayat tos norojol. > sigana mah kedah diperhatoskeun strategi pertanian >pamarentah urang, > 1. kumaha sangkan ngaberdayakeun masyarakat, hasil >panen teu langsung dicandak kulak di sawah.
Naon sababna hasil panen dicandak kulak di sawah, sabab memang kondisi ekonomi patani oge anu ngadorong kana sistem eta. Jeung deuih katurug-turug lahan anu dipiboga ku patani teh saeutik, anu ceuk cenah mah lahan anu dipiboga ku para patani ayeuna rata2 0,3 ha. Eta jauh tina layak secara itung-itungan ekonomi. Mun teu salah mah minimal lahan anu kudu dipiboga teh sangkan usaha pare layak secara ekonomi teh minimal 5 ha (mun teu salah). Aya sababaraha cara sangkan masyarakat patani langkung ngabogaan kakuatan (hasil panena teu langsung dicandak di sawah). Diantarana para patani ngagabung dina hiji beungkeutan tur hiji manajemen. Ayeuna aya istilah Corporate Farming, tah ieu jigana model anu bisa diterapkeun sangkan si patani ngabogaan kakuatan / bargaining position. Corporate Farming nya eta model ngembangkeun pertanian/patani dina hiji wadah, anu mana wadah ieu dikelola/dimanajemen jiga hiji perusahaan anu ilahar ayana. Ieu konsep beda anu jeung ditawarkeun ku mantan menteri pertanian M. Prakosa. Dina ieu konsep sagala aspek kudu diropea. Ieu konsep tiasa janten bahan diskusi urang saljeungna, kmh prak2na dina tataran teknisna. > 2. kumaha sangkan "tanah pertanian produktif" teu alih >fungsi jadi industri / rumah / ruko jsb Kabijakan2 pamarentah kudu pro ka patani, khususna dina UU agraria masalah ieu kudu ditekankeun kudu jadian perhatian khusus. Yen lahan pertanian anu produktif, tong di alihkeun fungsina jadi industri sareng anu sanesna salian ti pertanian. > 3. kumaha sangkan rahayat tani betah jadi "ki tani Anu kudu jadi udagan dina hal ieu nya eta, kitani dina ngokolakeun tanina bisa nyukupan sandang, papan, sareng pangan-na eta udagannana. Kitani kasehatan kulawargana kajaga, bisa nyakolakeun, teu hese ku masalah pangan. 1. Kabijakan pamarentah kudu proporsional, hartosna kabijakan pamarentah satekah polah kudu ngadukung kana pangwangunan pertanian sangkan maju. 2. Ki Tani kudu ngabogaan kakuatan, posisi tawar, boh dina politikna sareng anu sanesna. 3. Hasil2 penelitian dina widang pertanian kudu diterapekun di masyarakat patani, tong wungkul jadi kadaharan rayap di perpustakaan. 4. Dikitani dina ngokolakeun tanina kudu aya diversifikasi model usahana. 5. Lembaga pembiayaan kudu leuwih ngabuka ka ki tani. 6. Wawasan kitani kudud ditingatkeun boh dina taraf pengetahuanana, utamana dina manajemenna usahana. Rata-rata kalemahan patani anu aya di urang teh dina masalah manajemen usaha sareng akses kana permodalan. 7. ....mangga kanu sanesna nambihan. > 4. kumaha sangkan sakola tani di Bogor "back to Basic" >ka sawah, ka kebon, sanes ka Bank ( jadi singkatan na >sanes Institut Perbankan Bogor ) He...he....ieu kaleuwihan lulusan IPB meureunan, bisa asup kaditu kadieu alias fleksibel, he...he....Jadi lulusanana nyebar diditu aya didieu aya. Aya sababara penyebabna : 1. Tuntutan dunia kerja ayeuna...mangga tiasa katingal lah kumaha peta dunia kerja ayeuna. Jeung deuih ceuk sikuring mah, masalah pertanian mah silih kait jeung itu jueng ieu. Maslah pagawean dunia IT, bank, SDM, marketing, rumah makan, mall,geologi, iklim, kapamarentahan, tekstil, industri TV/media massa, perbankan, statistik, hukum jrrd, pan pakait oge jeung bidang pertanian langsung atawa teu langsung. 2. Mun geus masalah patuangan mah, idelais sok turun, jadi daripada kalaparan meureun nu penting meunang gawe, dimana wae ayana jeung noan wae bidangna. Ieu anu hese mah. He....he.... Ayeuna sakola tani anu di Bogor nerapkeun sistem mayor minor dina sistem pendidikanana, anu harepanana para lulusananana langkung kompetitif di dunia kerja. Tapi dina pamikiran simkuring, kabijakan politik pamarentah can sagemblengna mihak kana pertanian. Katurug-turug deuih sistem kabijakan perpolitikan pertanian internasional anu matak ngarugikeun jeung matak ngalieurkeun. Mun kitu jigana WTO mendingan di bubarkeun wae kitu ????? Jadi mun mah kabijakan pamarentahna pro kana industri pertanian anu hartosna dina tataran mikro, panginten bidang pertanian teh tiasa nyongcolang sami sareng industri2 anu sanes. > 5. kumaha sangkan ki tani ngurangan kana pupuk kimia Ayeuan keur ngajamur pan sistem pertanian organik. Tah ieu oge pan dina raraga ngurangan ngagunakeun pupuk berbahan kimia/ anorganik. Jeung deuih ayeuna pan aya trend utamina di nagara sejen, konsumenna leuwih resep kana produk-produk pertanian anu bebas tina bahan2 kimia anu berbahaya kanggo kasehatan. Tah ieu mun di urang aya gerakan cinta produk pertanian organik, wah jigana bisa ngadorong ngurangan pupuk kimia. kaduana, ti pihak perusahaan penyedia pupukna oge kudu kreatif, nyieun pupuk anu memang aman kanggo lingkungan sareng kasehatan jalma. Tah maslaah ieu sugan jeung sugan aya waktu urang coba dipedar deui langkung jero. Ngan masih aya hiji anu jadi ganjelan jeung kapikiran terus teh : Pas ngobrol2 duaan jeung Mantan Menteri Pertanian RI Bungaran Saragih (nepi ka 2 jam mah aya jigana), anjeuna nyarios kieu: "Sangkan Pertanian maju jeung berkembang, anu jadi PR teh nyaeta kumaha carana industri2/sektor2 usaha anu sanesna (sektor non pertanian) kudu berkembang". Jadi mun sektor anu sejen maju jeung berkembang, otomatis sektor pertanian bakal maju jeung berkembang". Jadi ceuk anjeuna, ayeuna anu kudu di dorong teh sektor sejen, da cenah mah pertanian mah tos ok. Duka tah, maksadna kumaha????? > > tapi rada sesah sabab 70% - 80% rahayat Indonesia aya >di desa alias ki-tani, tapi 70 - 90% na mung tani gurem, >alias jadi ki-tani teu gaduh tanah leuwih ti 500 m > kumaha teu rek ngajual pare, sawah garapan na mung >satenga hektare, anak dua sakola deui. Justru eta, berarti ayeuna pangwangunan dina sektor pertanian teh kudu leuwih dikembangkeun/diarahkeun di desa, tanpa ninggalekun pangwangunan pertanian di kota. Ayeuna paling masalah kumaha modelna dina ngaberdayakeun masyarakat patani anu aya di desa sangkan langkung produktif. Masalah pertanian mah kompleks, kaditu kadieu oge kabetot/nyambung. Hukum, politik, ekonomi, budaya, sosial, pendidikan, oge asup. Jadi kabehanana kudu dicagapan, he....he....ngan kade we salah nyagapna, he....he... > > kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Sigana mah mun dibasajankeun mah bisa disebut program >"back to leuit" nya? Jadi masarakat urang teh ulah sina >ngalobakeun teuing ngajual beas, tapi justru neundeun >beas di leuit, leuwihna kakara dijual dihilikeun jeung >pangabutuh lianna. Mun urang terus ulukutek dina beas, bisa2 urang ripuh. Naon sababna? Beas dihasilkeun kudu ku lahan anu lumayan luas. jadi meureun anu kudu oge dipikiran teh, kmh sangkan ketahananan pangan bangsa urang tetep alus teu tergantung teuing kana beas??? Kudu aya difersivikasi pangan kagigir jeung kaluhur. ::ri_1:: - Jajaka Pertentang Siap Tandang Makalangan KUSnet - [email protected] www.urang-sunda.or.id ======================================================================================== Ikuti Kuis Ramadhan bersama TelkomNet Instan dari 12 Oktober s.d 2 Nopember 2005 di http://www.plasa.com/jatim dan dapatkan hadiah setiap minggunya ! (khusus Jawa Timur) ======================================================================================== ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Clean water saves lives. Help make water safe for our children. http://us.click.yahoo.com/YNG3nB/VREMAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

