Sim kuring sapuk sareng pamendak kang Rahman ieu.
Penting teu penting gumantung kana pangabutuh jeung kontéksna. Ari kahoyong pribadi mah tangtu da Basa Sunda téh jadi basa nu penting nu bisa dipaké sanajan dina suasana nu pangformal-formalna ogé.

Wassalaam,
-Dian-

On 19/12/05, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  
   "Cing numutkeun baraya sadayana, ari basa Sunda teh naha masih keneh penting atawa henteu?"
   
   Kang MH,

Panasaran Kang kana hasil kues anu kahiji. Sing jengkep laporanana nya Kang? Urang obrolkeun deui... ngarah leuwih seukeut!

Perkara dongeng sakola NL tea, sambunganana rek dijieun deui. Kudu neangan waktu he he he. Loba pagawean tinggaleun yeuh!

Lamun nengetan kaayaan BS kiwari. Kacindekan kuring dina ngajawan 'pertanyaan' (cik BS na naon atuh!) ieu mah kieu:

BS teu bisa dianggap penting (deui)! Anu jadi alesananana:

1. Dina raraga komunikasi US geus ngaapilainkeun basana sorangan. BS geus dianggap kadaluwarsa jeung kampungan. Dina prakprakanana apan BS teh tara ieuh dipake dina tingkat naon bae oge.

2. Situasi kamasyarakatan US ayeuna, teu (bisa) mere lolongkrang sangkan BS hirup kumbuh. Basa mah apan sarua jeung barang hirup. Hirup-huripna hiji basa 'tergantung' kana kadaharan (input) kabasan: dipake jeung dimekarkeun saluyu jeung kaayaan jaman. Dina ieu hal, BS teh kaayaanana siga keur kakeunaan "busung lapar". Istilah2 up to date kudu nginjeuman tina istilah2 basa batur.

Kacindekan kuring (sementara): BS kiwari teu (di)penting(keun). Sabab dina kanyataan kabasan bisa diganti ku basa sejen (BI). Hiji basa bisa dianggap penting lamun teu bisa diganti ku nu sejen!

Caraan sangkan BS bisa penting (deui)? Sina dipake deui sacara formal. Tiheula kuring ngusulkeun, sangkan BS dipake jadi panganteur minimal di SD!

Bisa atawa henteu na mah... urang pikiran we ku sarerea!

Satuju?

Henteuuuuuu kituh! he he he



Baktos,

Rahman, Wassenaar/NL





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke