Ngiringan ngawaler ah..wios teu acan pangalaman pisan oge....: Leres pisan eta teeh uwa (punten nga 'uwa' keun). Anu paling deg-degan, tagiwur, teu puguh polah sareng reuwas kareureuhnakeun teeh pas bojo lahiran. Pas wengi ngawitan ge deg-degan tapi teu sabaraha saur abdi mah. Komo abdi mah aya pangalam kieu (salami pun bojo kakandungan). Kieu geura :
Dina sasih katilu kakandungan, pun bojo di rawat di RSPI (kaleresa pun bojo damel di dinya) kulantara teu damang tipes, harita abdi khawatos ku hiji ku dua, enya ku pun bojo sareng ku jabang bayi anu di kandungna. Alhamdulillah diga tilu minggon tiasa sehat, sareng si jabang bayi na oge sehat saur dokter teeh. Geuningan teu cekap dukadinya wae cobian ka kulawargi abdi, dina sasih ka lima, pun bojo di vonis keuna "virus Rubela" (duka kumaha nyeratna ahh hese). Anu saur dokter hese di ubaranana, sareng akibatna tiasa fatal ka janin. Malah dokter dokter RSPI nganjurkeun si janin di kaluarkeun wae, margina upami di teraskeun, ageung kemungkinan lahirna teu normal (cacat). Atuh asa di bentar ku gelap ereng-erengan tah diri abdi teeh..(padahal teu acan kantos ari kabentar gelap namah). Antukna saatos konsul ka para sepuh di lembur, abdi sareng pun bojo nekad bade neraskeun dugi ka lahir eta si bayi. Kabayang panginten ti lima sasih dugika borojol (4 sasih). Hate tagiwur, boa-boa anak aing engke....tapi di teger2 wae tur mumuntang kanu kawasa. Tapi alhamdulillah, pas borojol , si bayi teeh sehat wal'afiat teu aya cacad sakeudik2 acan, sapertos anu di khwatoskeun ti payun. Etamah dugika nangis abdi...ach teus isin ku suster ku dokter, enya bakatingku bagja tur bungah. Alhamdulillah ayeun tos 3 taun pun anak tehh. Hatur nuhun achh..punten panjang teuing...hhehee Cag ... yosep -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of MRachmat Rawyani Sent: Thursday, December 22, 2005 9:17 AM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] pun anak ka kang Tantan kuring ngawilujengkeun reh na dipercanten katitipan amanah ti Gusti Nu Maha Suci. Perkawis budak ieu, aya dongeng para sepuh, cenah lamun urang geus laki rabi, naon anu pang ditunggu-tunggu bari jeung hate deg-degan? Malem pangantenan! sanes, eta mah hiji hal anu tos lumrah. Cik, naon atuh? Mangga ka para bapa anu tos "pangalaman" diwaler. Ceuk hiji sepuh mah, cenah waktu anu ditunggu bari jeung hate tagiwur teh nyaeta ngalahirkeun anak. Pan biasana upami aya hiji kualwarga anu ngalahirkeun teh sok ditaros, kumaha ibu jeung anakna salamet? Tapi teu semet kitu wae. Biasana bapana budak teh sok panasaran, naha anak teh lahir kalawan lengkep jeung normal? Tah ieu anu matak jadi degdegan teh. sok sanajan kalahiran budak cacat teh perbandinganana hiji ka saratus rewu. tapi upami ka saratus rewuna teh giliran ka anak urang, pasti jadi pikiraneun. Komo deui pikeun jajaka anu telat nikah mah, kalahiran anak munggaran teh matak jadi sepor jantung. Pan mindeng ngadangu wartos, para jajaka anu teu acan ngengingkeun jodo, sok "iseng" atanapi milarian "pemuasan" ku cara "jajan", anu matak ngabalukarkeun 'ngahasilkeun' anak lahir cacat. tah eta cariosna, kunaon kolot baheula sok naroskeun kaayaan indung jeung budakna, sehat atawa normal heunteuna. baktos, mrachmatrawyani --- tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Baraya, > Pun anak anu lahir minggon kamari beuratna tos > janten 4 KG/ dinten senen. > asa enggal ageung. > ieu photo pun anak duana. anu hiji ampir tilu taun, > anu kadua nembe 5 dinten > basa diphoto teh > > baktos > > tantan > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help the victims of the Pakistan/India earthquake rebuild their lives. http://us.click.yahoo.com/it0YpD/leGMAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

