Baraya KUSnet anu ku kuring dipihormat,

Sabada nitenan eusi milis KUSnet, sareng ngaluuhan
ceramah ceramah kasundaan di sababaraha tempat,
kalebet ceramah di SIMPAY, kuring nyandak kacindekan,
pengaweruh anu aya pakait sareng kasundaan ngan
ngulibek didinya-didinya keneh. Hartosna "dikuasai" ku
jalmi eta-eta keneh. Sok sanaos aya sumber tertulis,
tapi sesah dipilarian atanapi aya dina format anu
ilmiah pisan, heunteu ngamasyarakat. Padahal salah
sapuluh tujuan ayana KUSnet teh, salian janten
"rancatan" silaturahmi diantawis urang Sunda, oge
ngawanohkeun pangaweruh Kasundaan ka masyarakat umum.
Mudah-mudahan ku ayana kitu teh tiasa ngawujudkeun
rasa micinta ka Kisunda.

Sigana wae teu cekap ku ayana milis urang Sunda, kedah
aya usaha sanes kanggo ngawanohkeun Kasundaan, salah
saratus diantawisna ngadamel buku dina gaya sareng
format anu langkung akrab pikeun masarakat umum.
Salian aya unsur atikan, populer sareng aya unsur
ngahudang minat mulasara kabudayaan Sunda.

Di UI contona, seueur ahli kasundaan anu wawasan
kailmiahanana teu diragukeun deui, tapi sigana teu
dugi ngemutan kumaha eta pangaweruh teh tiasa nepi ka
masarakat umum, komo deui janten komoditi anu tiasa
ngahasilkeun. 

Sapertos kang Ganjar (anu gaduh ide ngusulkeuns sacara
tertulis cara ngaropea kawasan Bandung), ayeuna mah
kedah diheuyeubkeun (diramekeun) usulan-usulan
tertulis sacara terencana sareng terstruktur, sabage
salah sahiji sumbangan ti warga KUSnet.

Tah, kumargi kitu kumaha upami  ngadamel buku
"Nyukcruk Lampah Kisunda", anu eusina sapertos anu
dipedarkeun di luhur. Mangga diantos usul-usulna ti
para wargi sadaya.

baktos,

mrachmatrawyani



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today!
http://us.click.yahoo.com/t7dfYD/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke