Maksad kuring teh kieu Teh. kapaning urang teh gaduh kasibukan padaelan sewang-sewangan, sesah upami bade ngempel ngarembpugkeu hiji perkara. Padahal panginten diantawis urang teh aya gagasan-gagasan atanapi solusi dina mayunan hiji perkara. tah ku ayana milis ieu, panginten eta gagasan tes tiasa diserat, teras dikempelkeun ku "juru kempel". Tah eta juru kempel teh anu gaduh tugas kanggo ngarumuskeun deui dina hiji proposal atanapi naonlah anu tiasa janten asupan pikeun para pangawasa atanapi anu gaduh otoritas dina nangtoskeun hiji kawijakan. tah, eta proposal teh engke dipasihkeun ka salah sawios anggota milis ieu, anu gaduh "channel" ka para pangawasa eta.
Aya pangalaman rerencangan kuring, anu masihan gagasan (sacara tertulis) langsung ka SBY. Eh.., tilu sasih sabada ngirim gagasan eta, kaluar kawijakan ti SBY, anu eusina aya hubunganana sareng gagasan renrencangan kuring tea, sok sanaos heunteu persis pisan sami. Da asana teh ayeuna mah, tos rada teu jamannya "gogorowokan" di jalan, tapi bari jeung teu masihan bongbolangan kumaha carana dina mayunan hiji pasualan. (nyukcruk= menelusuri) baktos, mrachmatrawyani --- indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Sae usul kang Yani teh..!, mung perkawis ngaropea > kawasan Bandung ku buku bacaan...! bacaan kumaha > maksadna..? Punten teu acan dong..! saur urang wetan > mah...hehe > Ngadamel seratan kanggo proposal kitu...? supados > di araos kunu gaduh kawijakan di luhur anu gaduh > sihung. Teteh gaduh pamendak kumaha upami ngaropea > kawasan bandung tina ngeuyeubkeun deui basa sunda ku > ngadamel buku basa sunda kanggo barudak sakola. Duka > ari di Bdg barudak SD + SMP teh aya pelajaran > bahasa sunda teu nya...? Da didieu mah aya palajaran > basa jawa ti SD dugi ka SMP., Tiasa oge nami-nami > tempat ku bahasa Sunda. > Sakitu heula, punten kang Yani, bilih teu > nyambung.... > > ipeut > (nyukcruk teh hartosna naonnya..? ) > > MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Baraya KUSnet anu ku kuring dipihormat, > > Sabada nitenan eusi milis KUSnet, sareng ngaluuhan > ceramah ceramah kasundaan di sababaraha tempat, > kalebet ceramah di SIMPAY, kuring nyandak > kacindekan, > pengaweruh anu aya pakait sareng kasundaan ngan > ngulibek didinya-didinya keneh. Hartosna "dikuasai" > ku > jalmi eta-eta keneh. Sok sanaos aya sumber tertulis, > tapi sesah dipilarian atanapi aya dina format anu > ilmiah pisan, heunteu ngamasyarakat. Padahal salah > sapuluh tujuan ayana KUSnet teh, salian janten > "rancatan" silaturahmi diantawis urang Sunda, oge > ngawanohkeun pangaweruh Kasundaan ka masyarakat > umum. > Mudah-mudahan ku ayana kitu teh tiasa ngawujudkeun > rasa micinta ka Kisunda. > > Sigana wae teu cekap ku ayana milis urang Sunda, > kedah > aya usaha sanes kanggo ngawanohkeun Kasundaan, salah > saratus diantawisna ngadamel buku dina gaya sareng > format anu langkung akrab pikeun masarakat umum. > Salian aya unsur atikan, populer sareng aya unsur > ngahudang minat mulasara kabudayaan Sunda. > > Di UI contona, seueur ahli kasundaan anu wawasan > kailmiahanana teu diragukeun deui, tapi sigana teu > dugi ngemutan kumaha eta pangaweruh teh tiasa nepi > ka > masarakat umum, komo deui janten komoditi anu tiasa > ngahasilkeun. > > Sapertos kang Ganjar (anu gaduh ide ngusulkeuns > sacara > tertulis cara ngaropea kawasan Bandung), ayeuna mah > kedah diheuyeubkeun (diramekeun) usulan-usulan > tertulis sacara terencana sareng terstruktur, sabage > salah sahiji sumbangan ti warga KUSnet. > > Tah, kumargi kitu kumaha upami ngadamel buku > "Nyukcruk Lampah Kisunda", anu eusina sapertos anu > dipedarkeun di luhur. Mangga diantos usul-usulna ti > para wargi sadaya. > > baktos, > > mrachmatrawyani > > > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam > protection around > http://mail.yahoo.com > > > Komunitas Urang Sunda --> > http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > > SPONSORED LINKS > Corporate culture Business culture of > china Organizational culture Organizational > culture change Jewish culture > > --------------------------------- > YAHOO! GROUPS LINKS > > > Visit your group "urangsunda" on the web. > > To unsubscribe from this group, send an email > to: > [EMAIL PROTECTED] > > Your use of Yahoo! Groups is subject to the > Yahoo! Terms of Service. > > > --------------------------------- > > > > > > Send instant messages to your online friends > http://uk.messenger.yahoo.com __________________________________ Yahoo! for Good - Make a difference this year. http://brand.yahoo.com/cybergivingweek2005/ ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Clean water saves lives. Help make water safe for our children. http://us.click.yahoo.com/YNG3nB/VREMAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

