Pangjembar Manah
Juuh cipanon
Maseuhan hanaangna rasa
Nengtremkeun hate nu lungkawing ku tugenah
Dina rangkulan
Dina usap kaheman
Simpay kanyaah
Geugeut kadeudeuh
Nu teu weleh ngocor salilana
Tara geutas atawa peunggas!!!
Salawasna ngagumbirakeun
Salilana nyugemakeun
Nyaangan poekna
kahirupan
Ngageuingkeun sing saha nu poho ka diri
Ngelingan sing saha nu lali ka temah wadi
Saciduh metu saucap nyata!
Estuning aya dina kawasana Nu Murbehing Alam sagala
paneja
Unggelna basa na carita
Ngajembarkeun manah nu tagiwur
Awor jeung pagaliwota
Geuhgeuy panyarek!
Ngarerepeh tunggara
Saestuna,
Ucap, lampah jeung paripolah
Jadi pangharepan
Ngagalindengkeun kawih halimpu
Ngahariring dina pupuh doa
Sapaneja!
Bhineka Raya, 22 Desember, 01.30 Janari Leutik
Kanggo anjeun Ibu, Kanggo nu bade janten bakal Ibu. Baktos putra!
Wilujeng Dinten Ibu
-eeya-
http://tawadhu.blogspot.com
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

