....jadi emut ka mamah Noneng keur naon..nya di Sumedang......
 
-----Original Message-----
From: abah kasep [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, December 22, 2005 1:24 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] surat keur emih

huahhhhh.....  hu huu huuuuuu... inget ema di Cimahiiiii
(bari ceurik..balilihan..)

mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
mih, kumaha damang?
hapunten abdi teu tiasa uih ngalongok dinten ayeuna. pedah saur beja mah
ayeuna teh Hari Ibu. ibu kuring mah emih wungkul. aya hiji deui ketang,
ibu mertua. tapi tangtosna benten. ka emih mah abdi tiasa blak-blakaan,
ogoan, ngaheureuyan, ngagonjak, ka ibu mertua mah teu mungkin. hehe.
kumaha bapa masih keneh ulukutek di masjid?

mih, incu emih ti abdi, si tizzy damang, beuki capetang beuki nalaktak.
budak teh aya harib2 mirip emih, eta pipina, tembem. duka pedah sami2
gendut kitu. oge adi-adi, nu di balikpapan oge nu di canberra. sok ngirim
sms silih beja. malah ayeuna mah pan aya internet. sok ngangge e-mail.
kabayang mun di lembur aya warnet atanapi di bumi tiasa masang internet.
emih sigana rajin nyerat, sanaos seratan emih-nu kapendak dina buku2 di
bumi gunungcupu matak ngalimba. rumaos abdi oge adi nu opat teh ngariripuh
emih ti leuleutik dugi ka ayeuna.

abdi oge adi2 pastina nampi kalayan rido sareng bingah tos diurus ku emih
sareng bapa sakitu saena. sanaos dina seratan emih nu kapendak abdi, emih
rumaos teu tiasa nyugemakeun abdi oge adi2 ku cara nu langkung sae. abdi
bingah sareng reueus gaduh indung emih. hapuntenna upami kasaean kanyaah
emih moal tiasa kabales ku abdi.

abdi ayeuna nuju dajar jadi jelema, malah oge nuju diajar jadi bapa bari
ngumbara di bandung. abdi terang emih sok ngadu'a kanggo kasaean abdi oge
adi2. du'a emih jadi sumanget sareng obor pikeun lengkah abdi.

wayahna abdi teu acan tiasa nyugemakeun. sanaos tos sarjana oge tos damel.
ari ka lembur ngalongok emih sareng bapa teh ngan ukur ngabodor we, da
resep ningal oge ngadangu emih gumujeng. mun nembe tiasa ngahibur kitu
abdi teh. gumujeung emih sareng sorot soca pinuh ku du'a oge kanyaah emih
sok janten modal sumanget kanggo abdi mulang ka bandung. mun batere tea
mah ari uih ke emih teh sok asa di charge. sok janten bingah.

emih nu bageur, sing sehat sing panjang yuswa, duaan sareng bapa di lembur.
dina hate, abdi gaduh rohangan ageung pisan kanggo emih. matak teuneung
ludeung kamana mendi. teu sieun ku nanaon, da aya emih dina hate. foto
emih oge masih disimpen dina dompet.

sembah sujud putra cikal



mj

http://geocities.com/mangjamal







__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke