Ngang saukur bunta bantu ngistrika teh Tien, nyapu di
pakarangan, sagawe-gawe naon wae anu kacabak lamun
keur libur atawa silih pencetan, da ari poe-poe gawe
mah indit nyubuh datang peuting, bujeng-bujeng bunta
bantu.
Asa leuwih waas deui tadi wengi, sumuhun wangsul ti
kantor pas waktuna sholat maghrib, kuring langsung
nanya ka si bungsu anu masih kelas 6 SD, ceuk kuring
sabarahaan patunganna ? Jawabna teh; Dede Rp36 rebu,
Teteh Rp15 rebu, Aa (nu cikal) Rp5 rebu. Naha Aa
leutik pisan ? ditanya deui ku kuring. Jawabna Aa lagi
ga punya uang. Ya udah bp ganti uangnya, jadi brp
semuanya? Dijawab deui : Ga usah pa, biarin aja. Lamun
kitu diganti Rp20 rebu bae ngarah bapa milu patungan,
ceuk kuring teh. Ya udah, pokna. Tapi terusna diralat
deui Rp10 rebu wae cenah. Terus ku kuring diasongkeun
artos Rp10 rebu, tapi teu ditarima, pokna teh rek
sholat maghrib heula. Saparantosna sholat maghrib,
kuring poho da terus dahar, barudak oge parohoeun,
tapi ari mere kueh na mah ka kuring ingeteun. Terus
narongton tipi tepikeun ka jam 12 wengi (kabeneran aya
film kucu, nu nyartikeun budak leungit, tinggaleun di
bandara), masih tetep teu nagih malahan dugikeun ka
subuh kuring indit deui ka kantor, tetep teu menta
ganti.
Terus terang teh Tien, kuring reueus ku laku barudak
kitu teh. Lampah lainna nu matak kayungyun teh,
utamana si bungsu, satiap rek ulangan sakola (rek
ulangan harian, mid test komo semesteran) sok
nyuhunkeun dido'akeun supaya bisa ulanganna, boh ka
kuring atawa ka ibuna. Subhanalloh.
Jaka
--- indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Wa'alaikumsalam Wr.Wb.
>
> Kang jaka, leres mani kayungyunn ku pala putra
> teh...!, dupi kang Jaka nyalira masihan naon ka
> Ibuna..? Kanggo teteh mah, resep keneh dipasihan
> bebas medeka teu kadapur, keun wae lalaki anu ka
> dapur mah...he he
> Sok wae bayangkeun, si ibuna mah sina bobo +
> ngageulis, tah bapana timimiti gugah teras kadapur,
> nyangu, masak, nyeseuh, ngistrika.....kumaha tah
> kang Jaka keursa...?...he he
>
> ipeut
> (kacipta, si teteh ongkang2.....hehe)
>
__________________________________________
Yahoo! DSL Something to write home about.
Just $16.99/mo. or less.
dsl.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/f4eSOB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/