Punten mairan nya,- dina perkawis ieu upami urang togmol bae kana agama Islam, tah anu lepat teh aranjeun. Margi dina perkawis "kameueut kadeudeuh" atanapi "cinta" cenah aya undak-undukna atanapi tingkatanana. Nyaeta kedah nganomerhijikeun ka Alloh, kaduana ka Rosulna, katiluna ka Sepuh urang; tah nembe anu kaopatna kamanehna. Kalih perkawis dina ieu masalah urang kedah percanten kana katangtosan Alloh, yen jalan urang hirup aya anu ngatur, nyaeta Alloh. Jodo, pati, rejeki, jeung rearea deui; sagalana aya anu ngatur aya anu nangtoskeun. Urang mah mung darma wawayangan. Urang mah mung kenging pancen kedah ngusahakeun hungkul, ari jaya sareng henteuna mah sanes, sanes pancen urang. Atuh upami urang tos ditakdirkeun laki-rabi ngaheuyeuk dina hiji rumah tangga, teras ditakdirkeun kujembarna Alloh urang dipaparin katurunan, tangtos aya deui kadeudeuh anugrahna teh, malih dugi katingkat incu. Tapi eta oge seleresna ujian?? Isteri atanapi raka, palaputra putrina, oge rejeki, sadayana mangrupi ujian ti Alloh. Tah upami kitu mah jelas tur eces yen anu leres mah mung Alloh hungkul, anu lepat pasti urang salaku mahlukna. Wallohualam.

lang layung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Lima taun kaliwat kuring jeung manehna pakait ati, jangji pasini rek hirup ngahiji, rek hirup sauyunan, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak, sarendek saigel sa bobot sapihanean, dibuktikeun ka bale nyungcung.
Ti saprak harita, hirup the kacida pisan endahna. Hiliwirna angin lir harewos ti manehna. Ngemprayna caang bulan lir panenjo manehna. Taya kasieun, taya kalapar, taya kacape, lamun manehna menta papangih jeung kuring estuning langsung gurutak ditepungan, najan jarak antara manehna jeung kuring kacida jauhna. Manehna di Bandung kuring di Jakarta.
Mh geuning kieu rasana kapentang asmara, kapaut kalbu, kagendam rasa ku manehna. Dina pikir ngan hayang nganjang, hayang tepang jeung mustika kembang katresna.
Tapi kaayaan kitu the teu lila, nalika kolotna menta sangkan manehna gera-gera laki-rabi. Harita the dunya rarasaan ngadak-ngadak angkeub poek ku bangbaluh anu minuhan eusi dada.
Manehna ngumahakeun ka kuring. Tapi kuring teu walakaya, boro-boro pikeun nedunan kahayang kolotna, keur biaya kuliah ge kuring the kembang kempis. Sabab, rumasa kolot jalma teu boga, lieuk euweuh ragap taya estuning pas-pasan pisan dina urusan dunya mah. Eta kuring bisa kuliah, ku sabab al-hamdulillah menang beas siswa, jadi ti mimiti asup tug dugi kaluar teu ngaluarkeun biaya sapeser pikeun kuliah, ngan kdang-kadang kuring sok menta ka indung pikeun hirup sapopoe hungkul.
Sabenerna kolotna the teu pati satujuan, manehna hahadean jeung kuring, pedah meureun kuring jalma teu boga alias sangsara.
Harita kuring bingung teu manggih tungtung kumaha carana, ngayakinkeun ka kolotna yen kuring the benar-bener rek niat miheman ka manehna, ngan waktuna tong ayeuna. Kuring menta waktu paling lila tilu tahun deui saengges kuring beres kuliah. Tapi kolotna kekeh teu ngidzinnan.
Harita kuring bati pasrah. Manehna oge teu bisa kumaha. Da meren sarua bingung saperti kuring. Rek nurut ka kolotna kumaha ka kuring. Rek nurut ka kuring kumaha kolotna. Nu bisa dilakukan ku manehna ngan ngagukguk ceurik dina telepon. Kuring oge ngan bisa cirambay cipanon ngedenge isek-isekan ceurikna.
Tapi kuring pernah kedal janji, upami di pareng keun ku Gusti manehna nikah kanu lain tuluy manehna pepegatan kuring rek mulungan. Keun bae sesa nu lain oge da kuring nyaah ka manehna lain pedah parawanna tapi ieu nyaah sajating nyaah.
Tilu bulan ti harita kuring ngadenge manehna rek nikah kanu sejen. Kuring bati ceurik dina ati, lir disasaak hate kuring,
mh teung teuingeun eta kolotna maksa anakna kudu kawin kanu lian. Harita kuring teu hayang barang dahar, malah shalat ampir-ampiran poho, saking balueweng pipikiran. Malah nepi ka kuring gering nangtung ngalanglayung teu puguh naon nu kudu di pigawe. Padahal harita the keur usumna ujian. Ampir-ampiran kuring teu lulus harita the.
Sataun ti saprak manehna nikah kuring rada bisa kaubaran. Sabab kuring aktif dina hiji kagiatan mahasiswa, sarta mindeng papanggih jeung istri-istri anu ampir mirip jeung manehna.
Singket carita prung weh kuring jatuk rami ka salah sahiji wanoja aktivis kampus anu kebeneran bareung jeung kuring.
Tah baraya nepi ke danget ieu kuring sok inget ka manehna. Malah sering ka impikeun komo lamun kuring keur aya masalah jeng pamajikan anu ayeuna.
Cing ceuk baraya naha kuring salah lamun ingeut wae ka manehna ??
Naha salah lamun kuring hayang panggih jeung manehna, najan saliwatan. ??
Naha salah lamun kuring hayang ngadenge sorana najan di telepon ??
Sampai detik ieu kuring can pernah nelepon atawa manggihan manehna padahal kuring boga nomor teleponna jeung nyaho tempat nganjrekna.
 Naha salaaaaaaaaaaaaaaah???
Jeung salah saha ?????????


Yahoo! Photos
Ring in the New Year with Photo Calendars. Add photos, events, holidays, whatever.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke