Panglawungan KUSnet sareng SIMPAY, Insya Allah baris
diayakeun di Perpustakaan Pusat UI di Kampus Depok
dinteng Sabtu ping 21 Januari ngawitan tabuh 09.00
Enjing.(mugi-mugi wae teu aya wagelan di tengah
jalan).
Tempat eta teh namina Laboratorium Komputer ITTC,
nyaeta rohangan kanggo pelatihan teknologi informasi
(TI). Ngahaja di tempat anu aya komputerna, supados
dina ngajelaskeun kiprah KUSnet sakantenan tiasa
lalayaran di internet. Atuh kanggo para dosen SIMPAY,
tiasa langsung daftar janten anggota KUSnet, bari
jeung tiasa ningali hasil karya KUSnet. Margi masih
aya sabagian dosen di SIMPAY anu masih gaptek (gagap
teknologi) internet.
Salian ti kitu, kuring gaduh kahoyong KUSnet kapayun
teh, tiasa langkung maju ku cara ngeusian
artikel-artikel ilmiah ti para pakar anu ahli dina
widangna. SIMPAY teh salah sahiji sumber daya manusa
sareng sumber daya pangaweruh anu ku KUSnet tiasa
dimangpaatkeun. Malihan mah kuring sareng Kang Mumu ti
SIMPAY, gaduh rencana bade ngadigitalkeun, dua naskah
kuno sunda anu kaleresan aya di Kang Mumu. Waktos
pasamoan SIMPAY anu kalangkung, Kang Mumu parantos
nyarios ka Mang Ayat, kumaha upami mang Ayat nyaketan
kapala perpustakaan nasional, meredih supados tiasa
ngadigitalkeun naskah-naskah sunda anu aya di
perpustakaan nasional. Mudah-mudahan wae atuh wibawa
sareng katokohan mang Ayat, tiasa ngaleehkeun manah
kapala perpustakaan.
baktos,
mrachmatrawyani
--- amin mina <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> siaplah...dimana kang?
>
> kumincir <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
> Assalaamu'alaikum!
>
> Baraya, neraskeun iber ti Kang Rachmat tea ngeunaan
> pangulem SIMPAY ka Kusnet supados midangkeun
> kagiatanana, kamari Kang Rachmat ngawartosan deui
> cenah waktos acarana tos paheut: Saptu ping 21
> Januari 2006. Usul ti Kang Rachmat, kumaha upami
> dina acara ieu teh sakantenan kopdar Kusnet (ngemut
> yen acarana dinten saptu, lain jam gawe, panginten
> baraya sanesna tiasa sumping).
__________________________________
Yahoo! for Good - Make a difference this year.
http://brand.yahoo.com/cybergivingweek2005/
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org!
http://us.click.yahoo.com/SBefZD/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/