Hiji wacana anu menarik !
Muhun leres pisan yen dunia IT dina hal internet ngagaduhan posisi sareng peran anu strategis dina enggoning ningkatkeun pangwangunan.
Malahan, pas KUSnet ngajomantara di Radio Pertanian Ciawi Bogor kantos aya hiji patani anu naroskeun naon sih mangpaatna internet teh kanggo kamajengan widang pertanian/patani?
Mung duka yeuh kabijakan pamarentah dina bidang IT ieu, naha ngadukung atanapi kumaha? Mangga tah ka baraya sadaya anu terang perkawis perkembangan kabijakan dina IT mangga geura dipedar. Dalah dikumaha oge kabijakan teh penting pisan sareng ageung pangaruhna.
Ngan dina sagigireun eta, edah oge ku urang dipikiran kumaha carana ngaminimalkeun pangaruh negatif tina kabebasan ngakses informasi eta teh.
Cag skitu we heula.....nuju rieut....
Eka Priatna <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Haturan Kang Maman;
Hatur nuhun, sae seratan teh. Ngawakilan naon nu jadi harepan urang
sadayana. Sim kuring mairan di handap. :)
On 12/28/05, Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ceuk salah sahiji laporan UNDP, nyutat kasus India, internet bisa
> ngaronjatkeun kahirupan ekonomi hiji masyarakat nepi ka 3%. Ku kituna,
> munasabah mun pamarentah hiji nagara, kaasup pamarentah Indonesia, mere
> perhatian nu daria dina perkara internet ieu. Matak, basa narima beja ti
> babaturan nu ngahadiran hiji rakor di BPPT, Salasa, 20 Desember, teh kuring
> kacida bungahna: Pamarentah nyiapkeun dana nepi ka US$ 1 milyar keur
> ngawangun jaringan serat optik di nagara urang. "Jaringan itu akan merambah
> sampai ke desa-desa, Kang," ceuk eta batur.
Urang titenan we, naha pamarentah teh leres2 daria dina perkara hubungan
internet di Indonesia, hususna ngaberdayakeun potensi nu aya di daerah2.
Kacida ageungna potensi nu bisa dihudangkeun ku ayana internet ka
lembur-lembur teh. Boa engke mah tukang kiridit di tasik, teu kudu ngider
nagihan ka langganan, cukup transfer online di bumina masing-masing. Ngan
silaturahmi jadi ngurangan, nya? :)
> Eta bae. Sakalieun ngulampreng ka lembur, kuring sok hese neangan
> warnet. Di Ciamis, misalna, sakanyaho kuring, warnet teh ngan aya di deukeut
> alun-alun. Kitu ge bukana siga nu puasa sunat: Ngan Senen jeung Kemis. Bari
> bukana teh ti jam salapan isuk nepi ka bada Isya, jam dalapanan. Sanajan,
> Ciamis kaitung nu pangheulana miboga program "internet masuk sekolah". Malah
> salah sahiji STM di dinya jadi proyek percontohan keur tingkat nasional.
Kang Geni ti payun kantos masih informasi yen sakola-sakola di Tasik geus
kahubungkeun ku WLAN, wireless. Mung duka geus sabaraha hiji sakola. Sim
kuring panuju lamun komunitas internet dimimitian di sakola, teu pordeo ge
teu nanaon, asal murah. Keun kelompok pelajar/pamuda heula nu jadi pionir,
munasabah engkena bakal tepa ka nu lain.
Na situs WAN Kota Tasikmalaya (http://wankotatasik.org) -- nu katingalna mah
teu kaurus -- disebutkeun yen rencana WAN nu tadina mah ngan ukur ditujukeun
jang kapentingan pendidikan di Dinas Pendidikan, dilegaan ka dinas sejenna:
Bapeda, Dinas Perindustrian, Dinas Kesehatan, Dinas Kimpraswil (eum, ieu teh
singgetan tina naon?), Kantor Arsip Daerah, Kepolisian, Bawasda dan Setda
Kota.
Ieu tangtu hiji lengkah nu hade pikeun ngalalanyahan komunitas internet nu
leuwih gede di daerah.
__________________________________________________
Apakah Anda
Yahoo!?
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam
http://id.mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

