kumaha realitasna?
kuring lain, jeung teu hayang jadi jubirna UIN. keur mah euweuh bayaran deuih (he...he...)
ngan ceuk paninggali kuring, fakta anu kapanggih ku Ustad Hartono bisa jadi enya, bisa jadi heunteu. bisi baraya rek ngabuktikeun eta, mangga we linggih ka UIN. tinggali nyalira, teras tilei.
ngan ieu pamanggih pribadi kuring. ti bareto, basa kuring di dinya keneh, ari jalma anu sasar mah loba. boh, cenah, gara-gara maca pilsapat, atawa ku alasan sejen. tapi kajadian eta teh mun ceuk bahasa statistik mah "pencilan", lain arus utama. komo mun ditinggali tina kacapanon luar, saperti dunya internasional--di luar kakurangan UIN anu loba keneh--UIN tetep ditinggali penting jang ninggali dinamika Islam di Indonesia.
mun parameterna aya komunitas siga di sakola luhur nu lain saperti Rohis anu militan, conto, ceuk kuring panileian Ustad Hartono, teu pati bener. di UIN aya Lembaga Dakwah Kampus, anu ngarupakeun "sayap mahasiswana" PKS tur KAMMI. di UIN Jakarta aya Fakultas DIRIS, anu dosena nganggo basa arab, seueur anu apal Qur'an, tur ngarupakeun cabang di Universitas Al Azhar Kairo Mesir. Jadi bisi baraya rek sakola ka mesir tapi alim ka ditu, mangga ka UIN. kitu deui anu ngaos, anu shalat berjamaah, anu puasa, anu Islam, sapaninggali kuring heureut, aya keneh.
saterusna, di UIN memang ngaunggulkeun kabebasan akademik. cenah, saur UStad HArtono, hal eta nyumbang kana lobana anu murtad. kitu deui mata kuliahna.
kuring mah sederhana wae ngajawabna. enya, da teu mungkin ngajarkeun elmu anu ISlam wungkul. pasti diajar elmu lain, ti mazhab lain, di aliran lain, anu bisa jadi elmu eta "bau" Yahudi, produk urang kapir, jsb. pan mun urang rek apal stratehi musuh, kudu wanoh kana elmuna, pan? perkara aya mahasiswa anu milih murtad, anu pasti, jeung kuring yakin, UIN teu pernah masilitasan. (tadina rek ngomong kieu: rek murtad mah teu kudu di UIN ge lega!!, tapi teu jadi).
kumaha ayeuna?
nya nyanggakeun. da sakali deui kuring lain jubir. jeung dina hal ieu, tepi ka detik ieu, UIN memang teu (perlu???) ngababantah. teuing bener, teuing heunteu.
baktos
tantan
(nu kekering di tempat "pamurtadan")
On 12/29/05, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualaikum Baraya,-Kuring ngajenghok bari hariwang, maos dina tempointeraktif dinten ieu; komnas ham ka NTB, teras aya kometarna. Cobi geura aruningaan, bedah buku perkawis Pemurtadan di IAIN eta. Cing kumaha tah.- Wilujeng sonten, cag ah.
Yahoo! Shopping
Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! Shopping
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

