....haturan atuh kang...abdi mah ..linggih di Sumedang Utara...perumahan Jati Hurip....upami di terminal bojong ciakar...teras ka luhur ....
moal bireuk deu'i putra na mamah noneng....upami karuhun di gunung datar...daerah pamarisen.....
ayeuna...nuju....ngumbara...di Tangerang...
 
-----Original Message-----
From: Otong Suhendar [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, December 29, 2005 4:21 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Urang Sumedang

Cikan.......cikan.......cikan.....
Kasuhun anu tipayun, kasambat anu tarelat.
(Bener teu euy ??? hampura nya mun salah da ieu teh bari keur ngadengekeun lagu tarling Cirebonan)
 
Abdi mah nembean di Kusnet teh sabulan oge acan meren! hampura wae nya mun rada calutak teh leuh
da kieu ari simkuring mah mun aya kapanasaran teh tara katahan, mun ditahan teh asa muleuk na beteungna.
 
Kapansaranna teh hayang apal ka urang Sumedang anu aya di Kusnet saha jeung dimana wae lebahna nya...
Sok ah anu keur tapa hudang hela, anu keur noong kaluar hela, anu keur perem beunta hela kituh....
nya mudah-mudahan ari tareurang mah bisa unjung anjang, kuring anu jadi tamu na tapi he he he heh heh heh
 
Ka baraya Kusnet saday bilih nuju luntang lantung di wilayah sumedang kidul mah tepangan wae simkuring
di weuweungkon
Ds. UjungJaya Blok BBC
taroskeun wae Otong Danco incuna aki Salun
pasti diteunggeulan eh salah pasti dianteurkeun kitu maksud teh eh eh eh eh eh eh komo ka ojeg mah....
Sugan wae atuh ari teupung mah ngaliweut-ngaliweut nya, samemehna nguseup heula pedock meureun nya!!ngaliweutna di Padayungan waduh-waduh sono euy...tapi eta oge mun kuringna aya dileumbur hi hi hi hi
 
Sok ngaracung da moal diontrog ku kuring oge paling rek dianjangan he he he he (rek dipenta oleh-olehna)....
rek dijapri, rek dijabrig oge bebas leuh...
 
Punten ah ka baraya anu sanesna.........


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke