ke..ke..ke..., perkawis buku babad tnah Sunda
(Cirebon) anu mana?
Informasina kirang lengkap.
Upami tiasa mah, sakantenan dipasihan informasi, saha
anu ngarangna, citakan taun sabaraha, saha anu
nerbitkeun. Langkung sae upami aya sakedik sinopsisna.

Margi anu namina Babad Cirebon, atanapi babad tanah
Sunda  sareng sajarah sanesna daerah Jawa Barat anu
asli mah mangrupi naskah diserat dina basa Sunda
atanapi basa jawa anu mangrupi puisi: wawacan, ayana
di musium Sri Baduga sareng EFFEO (Ecole Francaise
d'Extreme-Orient) di Bandung sareng di Kraton
Kasepuhan Cirebon. Aya buku katalog naskah-naskah
Nusantara koleksi lima Lembaga di Jawa Barat di susun
ku Edi S. Ekadjati sareng Undang A. Darsa anu
dibiayaan ku yayasan Obor Indoneaia. Dina buku eta teh
lengkep dicarioskeun intisari  naskah (sajarah,
Sastra, adat-istiadat, silsislah, primbon sareng
mujarobat, ajaran Islam, ssjb) anu aya di lima lembaga
di Jawa Barat ( Musium Sri Baduga, Musium Pangeran
Geusan Ulun. Musium Cigugur Kuningan, Kraton Kasepuhan
Cirebon, Kraton Kacirebonan, musium situs Purbakala
Banten Lama di Serang, EFFEO Bandung).

Upami hoyong uninga siga kumaha eta naskah Sunda
Heubeul, mangga sumping di acara pasamoan
SIMPAY-KUSnet ping 21 Januari di Kampus UI Depok.

baktos,

marchmatrawyani



--- denysuwarja2k <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Insya Allah, kang...janten 3an nya, kang ndoel, kang
> Tito, Kang 
> Yanto anu jago maenpo nya?
> Ah seja Lillahita'ala we Kang... bade disebat
> ngalanggar hak mangga, 
> teu gaduh maksad kadinya.
> Mung da jigana, eta buku parantos henteu terbit deui
> kang.
> Engke dikontak ka panerbitna, upami aya nya
> panginten mending meser 
> aslina! Supados mangfaat.



                
__________________________________________ 
Yahoo! DSL – Something to write home about. 
Just $16.99/mo. or less. 
dsl.yahoo.com 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Clean water saves lives.  Help make water safe for our children.
http://us.click.yahoo.com/CHhStB/VREMAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke