On 1/6/06, Jatigede <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualaikum,
Saleresna sadayana aya dina Al-Quran kang.....abdi mah panasaran pisan hoyong tiasa terang naon eusi Al-Quran. Namung geuning katungkulkeun ku neangan dunya wae.He..he.....
 
dh:
wa'alaikum salam warahmah
sami kang, malahanan mah si adi nepi ka gering pikir ningali lanceukna ukur mikiran dunya hiks. kamari basa nganjang ka kosan, "naha a tara solat tara ngaji?" ceunah

Abdi nuju ngahanca "Bible Code -- Michael Drosnik" buku gaduhna rerencangan(Katholik), kamari debat, ngobrol ketah ngeunaan Da Vinci tea, eh ku manehna abdi di sodoran buku eta. Nya ku abdi di baca, teu acan rengse. Eusina ngeunaan "bible" anu disandikeun kana tulisan Ibrani.
Eusina, ngeunaan kajadian ageung anu bakal "terjadi" di dunya anu di analisa ku komputer, ahli Matematika Elps....... Diantarana Pembunuhan Yitzhak Rabin, Harmageddon,Perang Nuklir, Akhir zaman, Pemilihan Netanyahu, Buku yang tersegel (duka naon tah ieu....buku nu mana), tabrakan Shoemaker-levy sareng planet Yupiter tea. Malah ayana komputer ge geus diramalakeun. 
 
dh:
beu geuning kituw, janten panasaran hoyong maca. di mana meserna nya?

Memang sadayana kajadian nyata.Tapi abdi janten teu ngatos sabab teu gaduh dasar komo dina bhs Ibrani. Oge nu teu ngartos kanggo abdi, naha Injil teh seuseueurna ngabahas Israel? Naon hubunganana? Naha teu ngabahas kaum sorangan (Nasrani)?
 
dh:
pan ceunah (ceuk batur) Nabi Isa mah diturunkeun keur kaumna wungkul (bani israel), jiga rasul-rasul samemehna. jiga nabi Nuh keur kaum ad wungkul, nabi luth keur kaum sodom wungkul, nabi musa keur bani israel jsb.
Iwal ti Rasullullah nu di utus keur sadaya alam.
 
sakitu we ah bisi beuki loba ngacona. nyanyahoanan :D
 
dh
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
deha.wordpress.com
borondongjagong.blogspot.com

Sareng anu teu ngartos abdi bukuna teu entep seureuh, tidak sistematis. Janten lieur.
Abdi ngabayangkeun pasti dina Al-Quran leuwih lengkep. Ah, Sapanjang abdi ngaos eta buku kagambarkeun komo dina Al-quran leuwih rongkah leuwih lengkep. Naha hiji waktos urang tiasa muka lalangse yen Al-Quran teh pitunjuk kanggo sagalana, komo science. Abdi resep upami ngartikeun Al-quran sabab benten jalmi benten arti tafsirna. Cenah Kalimat Al-Quran teh ibarat batu inten(permata) anu pasagi upami ditilik di sakabeh sisi bakal mancarkeun cahayana ka sagala arah. Subahanallah...........
Tah tugas urang kanggo milarian " Al-Quran Code - karangan Kusnet" .
Tapi kedah pinter Basa Arab heula nya!!!!! abdi daek ka Arab diajar basa Arab mung aya sponsorna teu?? Boro-boro bisa basa Arab ngaji ge alif ba tsa keneh. 
 
Sakitu nu kapihatur....
  
Dede Sahman
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke