pamarentahan baheula Tatar Sunda sanggeus karajaan pajajaran runtag (cenah alatan dikoroyok ku kasultanan/karajaan Cirebon jeung Banten-sigana mah sabangsaning perang sodara, sekitar abad 15), pamarentahan jadi euweuh nu sipatna pusat siga pajajaran. kabeh oge ngan nepi ka tingkat siga kabupaten. ngan banten nu kaitung gede (nepi ka ayeuna jadi provinsi, ti sasakala harita). cirebon mah duka, naha harita nguasa kuningan, indramayu jeung majalengka atawa henteu.
kepalana, Adipati tea. kabeh ngaraku masih keneh turunan -seuweu-siwi- Pajajaran, utamana Prabu Siliwangi. ukuran karajaan skala kabupaten kitu terus dijadikan model pamarentahan daerah nepi ka kiwari. basa jaman walanda ditambah karesidenan, nu ngawengku sababaraha kabupaten. siga priangan timur, kungsi karesiden ngabawahkeun garut tasik ciamis. dina Cupumanik Januari ayeuna (sasih payun cenah naek pangaosna, ti 4000 jadi 6000), dina seratan kang Ajip Rosidi, aya carita yen diantara seler bangsa, US panglilana dijajah. hag siah. umumna, seler bangsa indonesia sejenna, dijajah teh ku pausahaan dagang walanda (VOC eta pausahaan dagang, haha. dijajah ku pausahaan!) terus ku pamarentah belanda (VOC bangkrut, hindia belanda diambilalih ku karajaan walanda) terus jepang. tah, tatar sunda (TS) jeung urang sunda (US) mah samemehna ku mataram heula. cenah mah, samameh Sultan Agung nyerang VOC Batavia, ngontrog heula wilayah2 nu aya sabudeureun batavia, nya jajalaneun ka batavia meureun. tangtuna we eleh perang jeung mataram teh, da meureun teu fokus kana pertahanan. ongkoh karajaan leutik jaman harita mah meureun siga hiji lembur we kitu. beda jeung di eropa nu karatonna badag, kastil, jeung sajabana. sigana di urang mah can usum make tembok. karaton kasultanan banten geus make tembok, aya keneh urutna. diancurkeun ku walanda. karajaan2 leutik-kelas kabupaten nu aya di TS (jawa barat ayeuna sigana) angger aya, ngan unggal taun kudu mayar upeti jeung adipatina kudu ka mataram genep bulan tiap taun. cenah mah pikeun panataran. baralikna ka ts teh marawa adat suradat cara mataram kaasup undak-usuk basa. kitu deui basa dikuasa ku walanda. adipati terus disebut bupati teh angger dijaradikeun 'raja lokal' di wilayahna. matak teu heran bupati jaman harita mah turun tumurun. sabab model kakuasaanana siga karajaan. inti carita ieu, eta, memeh dikuasai batur, sihoreng unggal kabupaten di urang mah sabenerna mah mandiri. mangrupa hiji wilayah nu boga adipati/raja skala leutik. tapi model eta teh masih keneh sok dipake jaman kiwari, siga efek samping OTDA teh cenah nyiptakeun raja2 leutik. siga model baheula meureun. mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Clean water saves lives. Help make water safe for our children. http://us.click.yahoo.com/CHhStB/VREMAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

