Kang Deny,

Waaaah seueur oge nya anu disepitan teh,...
Dupi Kang Deny teh,..gaduh kaahlian nyepitan oge (benkong kitu basa 
sundanamah?)Atuh,..panginten kapayun,...baraya KUSNET anu bade 
nyepitan putrana tiasa dibantos ku Kang Deny nya,...

Alhamdulillah,...panginten tada teuing baringaheun nana,...kaum 
Duafa di sabudeureun Pasantren Keresek,...dina dintenan boboran Haji 
teh,...kenging daging domba.

Kapungkur basa keur budak abdi sok ngiringan ngantri di masjid 
Persis jl. Pajagalan Bandung,....bari pasedek-sedek,...ari tos 
kenging satiir teh,..mani asa kumaha atohna sesah digambarkeun 
nana ,...teras we dibeuleum dina kompor,...`dihanca` jeung adi-
adi,.... 

Mugiya kasaean2 kang Deny ieu sing dibales anu berlipat ganda ku 
Gusti Anu Murbeng Alam

Baktosna
RSH

--- In [email protected], "denysuwarja2k" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Hihihii, leres pisan kang Andi.... kamari apanan nembe rengse 
> meuncitan manuk aya kana 70na di Rawa Mangun Jakarta.
> 
> Dinten ieu mah, nyiapkeun penerima qurban kang dugi ka tasrek mah.
> Lumayanlah aya 5 domba, cekap kanggo 150 urang duafa sareng tuang 
> murangkalih tea mah....
> 
> Deny






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke