Kusnet jeung "Pewarisan Nilai Budaya Sunda"
(Tawis hormat kanggo Abah Surya sareng Kang Runa Saparakanca)
 
Mun kuring nyebut kusnet dina ieu pangacaprukan, lain bae milis urangsunda. Tapi, oge kum milis-milis kasundaan. Mimiti ti urangsunda, kisunda, gank-leboy, baraya-sunda, sastra-sunda, sunda-mining, sunda-sci, sun-da bageur, sigasunda, sundasajati jeung sajabana. Kaasup milis-milis wewengkon (kota) nu aya di Tatar Sunda. Malah sawatara web nu make basa Sunda ge, satemenna, kahayang mah, kawengku ku ieu kocap kusnet. Sanajan, enya: Conto-conto nu ditembrakkeun leuwih loba ngarefer ka urangsunda. Bubuhan milis kasundaan pangkolotna, pangramena, jeung panglucuna. Sagala aya.
Oge, kuring ngahaja make tesis Pa Ajip pikeun judul di luhur: "Pewarisan Nilai". Ambeh gagah. Jeung kaciri pisan kumaha "daria"-na ieu "pasoalan" nu rek diguar teh. Sanajan, mun Harry Roesli jumeneng keneh, bari maos ieu pangacaprukan, pasti muncereng. "Kumaha nilai-nilai bisa diwariskeun? Paling ge nu bisa diwariskeun mah sumangetna. Lain nilaina," kira-kira kitu pibasaeun si Akang kana eta judul.
Tapi, keun bae-lah. Anggap bae sumanget jeung nilai teh eta-eta keneh. Ongkoh, mun sumanget teu didadasaran ku nilai, sumanget teu puguh tea meureun ngaranna. Sabalikna, mun nilai euweuh sumangetna, keur nanahaon? Matak disebut nilai ge, meureun, pedah aya sumangetna. Atawa, pedah bisa nyumangetan. Jeung deui, ceuk tadi ge make judul eta teh gagayaan wungkul. Ngarah jiga.
Keur sakuringeun,  kusnet  lain bae tempat silaturahmi dina harti kuring jadi wawuh jeung Kang Oman, MJ, Kang Ilen, Kang Agus, Ua Obie, Teh Tien, jeung sajabana. Atawa Kusnet, nu di dieu maksudna urangsunda, tina hiji komunitas jurig bisa ngawujud jadi "organisasi" (Yayasan Perceka), pasaka, atawa HBH. Lain. Tapi, leuwih ditu deui: Siga nu disigeung dina surat kuring sawatara ka tukang, keur kuring, Kusnet nepungkeun kuring jeung Sunda eta sorangan. Atawa, bisi dianggap kaleuleuwihi: Kusnet ngahudangkeun rasa ka-Sunda-an kuring nu -- diheunteu-heunteu -- nyayang dina lelembutan kuring.
Kahudangna teh lain bae ku wacana-wacana nu "baleurat" ngeunaan realitas ekonomi, politik, budaya, jeung sosial  ( urang) Sunda. Tapi, oge ku tulisan-tulisan nu basajan, nu (katingalna) teu sapira. Jajauheun tina paniatan berwacana, komo make rek ngawariskeun nilai-nilai budaya mah. Nya sarupaning  "just say hello", ngabodor, atawa nyaritakeun pangalamannana.
Tapi, ku cara basajan siga kitu, keur kuring, naon nu disebut (atawa nu ku kuring dianggap) pewarisan nilai tadi teh lumangsung kalayan lancar jeung keuna kana sasaran. Disebut keuna kana sasaran teh, pedah bae anggota milis umumna ngalora keneh. Ari nu ngalora, pan nu pang dipikahariwangna ku para inohong nu ngarasa perlu ngawariskeun "nilai-nilai" budaya tea? Dipikahariwang, sieun barudak ngora Sunda murtad, teu nyunda.
Geus puguh tulisan-tulisan nu sipatna "verbal", meleg-meleg ngaguar perkara nilai-nilai budaya Sunda mah. Siga sawatara tulisan Kang Oman, Abah Surya, Kang Ilen, jeung rea deui. Tapi, tulisan-tulisan nu basajan tadi ge, nu teu boga karep atawa teu diniatan ngaguar nilai-nilai tadi, teu bisa dimomorekeun kitu bae. Ceuk tadi ge, dina satengahing nyaritakeun pangalamannana, nu narulis eta tulisan teh satemenna ngebrehkeun nilai-nilai budaya tadi. Paling heunteu,  keur kuring, ngebrehkeun (baca: ngawariskeun) kabeungharan kokocapan (jeung rasa) nu aya dina basa Sunda.
Perkara basa, kuring meunang pangaweruh loba pisan alatan kukusnetan ieu. Sebut bae kocap "mataholang", "mireng", "keom", "bawiraos", "indung peuting", "Bobo sapanon carang sapakan", jste. Kaasup ngabedakeun "keuheul" jeung "ambek". Nepi ka, baheula, mangsa masih gawe di majalah, kuring ngahaja nyadiakeun hiji hard disk nu diajangkeun keur neundeun posting-posting nu aya di urangsunda jeung kisunda.
Dina pipikiran kuring harita, ngeunteung kana katuna diri, boa-boa, aya sawatara kokocapan nu can kacatet dina kamus. Lain bae kamus Wilde, tapi nu disusun ku LBSS pisan. Saha nu nyaho, pan? Paling heunteu, eta data teh bisa dimangpaatkeun keur ningali atawa nalungtik fenomena basa Sunda dina milis, nu sakapeung jajauheun tina papagon nu dianggap "baik dan benar" atawa "nyakola", atawa basa rumaja nu nempel di sawatara anggota milis. Bisi bae aya mahasiswa, boh ti fakultas basa, komunikasi, psikologi, atawa filsafatna pisan, nu rek ngamangpaatkeun eta "database". 
Hanjakal, basa kuring kaluar gawe ti eta majalah, hard disk tadi teh teu kapuluk. Budak EDP nu dipentaan tulung keur ngarawatan eta hard disk, oge ngakat posting-posting tadi kana wangunan wordpad,  teuing ka mana. Ongkoh, kuring kaluarna ge bari teu sasadu teu naon. Da, biasa, kaluarna teh pinuh ku kakeuheul. Sanajan teu nepi ka ambek-ambekan.
Salah sahiji tulisan nu, ceuk kuring, nepikeun Sunda kalayan alus jeung basajan, teu sadar atawa teu diniatkeun keur wawarisan tea, atawa bubudayaan, nyaeta tulisan MJ ngeunaan huntu. Enya huntu. Gigi. Bagian awak urang nu ranggeteng tukangeun biwir. Paragi nyapek, paragi ngegel, paragi ngagayeum.
Teu pira: Dina eta tulisan,  MJ nyaritakeun pangalamannana nyeri huntu. Terus ka dokter gigi. Ceuk dokter, eta huntu kudu dicabut. MJ manut. Huntu nu dicabut teh dibawa mulang. Peun.
Waktu nyieun ieu pangacaprukan kuring teu bisa muka internet. Jadi, teu bisa ngorehan tulisan eta dina arsip milis. Ngan, perkara huntu jeung dicabut huntu nu biasa tadi, ku MJ, dina pangrasa kuring, jadi teu biasa. Aya roman-roman romantis, malah surealistis jeung magis. Huntu nu geus dicabut teh ku MJ bangun diajak nyarita. Ditarimakeun, dipapatahan, malah satengah dicarekan sagala.
Ditarimakeun, pedah geus mantuan ngagayem dahareun, nu engkena matak sehat, matak hirup. Satengah dicarekan, da nu ngaranna nyeri huntu tea; matak galingging panas tiris, nu hartina gering, beh dituna maot. Ari maot, pan ceuk sawatara kaum existensialis mah totonden keokna atawa teu walakayana manusa. Matak, mun teu salah, ku MJ, eta sakadang huntu teh dijadikeun kongkorong. Teuing gantungan konci, ketang. Pokona mah, jadi monumen. Monumen nu satemenna maheutkeun pakaitna dunya badag/raga jeung dunya roh/jiwa/spriritual.
Bisa jadi kuring kaleuleuwihi, ngadramatisir, atawa overtheoritizing. Tapi, teuing, basa kuring maca tulisan MJ eta, satengahing mesem, pipikiran ras inget kana "dongeng" Sempak Waja (atawa teuing saha. Rumasa, teu apal persis kana sajarah Sunda teh).  Lain pedah rumasa huntu kuring goreng, karahaan. Komo alatan kuring hayang jadi raja mah. Lain. Ngan, ceuk eta "dongeng", eta tokoh teu bisa jadi raja alatan huntuna aya nu somplak. Hartina, nilai Sunda mah ngahargaan (oge) kana perkara fisik teh. "Mun dia dek jadi pangagung, mudu sembada, mudu sampurna," ceuk hiji kolot di Sajira. Bari kasampurnaan fisik eta teu eureun nepi ka dinya. Mudu dibarungan ku kasampurnaan nu sifatna rohani, spiritual.
Pataremana materi jeung spirit lain bae ngancik dina awak manusa. Tapi, oge dina mahluk lianna, kaasup nu (katingalna) euweuh nyawaan. Nepi ka, ceuk sawatara "dongeng" mah, batu sriman nu dibawa ka Banten teh teu kitu bae bisa diringkid ti Pajajaran. Kakuatan spiritual nu aya dina eta batu kudu ditalukkeun heula. Ongkoh, keur bisa calik di dinya teh aya parancah, aya sarat-saratna. Hartina, raja teh kudu miboga kasampurnaan spiritual tea. Ambeh kakawasaannana lain bae ditarima ku rahayat, tapi oge ku para dewata, jeung kumna alam, kaasup nu aya di alam lelembutan. Nya, sakumaha nu jadi tradisi kiwari bae: Nu aranna sumpah jabatan teh pan lain sumpah ka atasan atawa ka nagara pisan, tapi sumpah ka pangeran. Matak, nu disumpah teh sok bari ditudungan ku Qur'an.
Pondokna mah, tulisan MJ teh ngebrehkeun nilai-nilai Sunda nu ngarojong kasampurnaan lahir jeung batin. Pakaitna dunya materi jeung non materi, spirit atawa roh. Bandingkeun jeung paribasa Latin ieu, nu keur urang SD sok remen digorowokeun: Men sana in corpore sano!  Atawa, nu leuwih up to date, bahasan sawatara filosof kiwari nu maca fenomena "pemujaan tubuh" sarupaning diet, body building, taebo, six pack, jeung operasi plastik. 
Bah Willy ge nepikeun Sunda-na teh ku tulisan-tulisan "biografis" siga kitu. Diembohan ku yuswana nu tos sepuh, dibandingkeun jeung MJ , komo jeung kuring mah, seratan-seratan Bah Willy ngalengkepan dokumen Sunda nu nyampak di kusnet.
Seratan Bah Willy ngeunaan eyangna, keur kuring, mere informasi nu kawilang munel jeung "akurat". Utamana, ngeunaan Tari Topeng. Oge, sawatara fragmen sajarah Sunda, nu ngebrehkeun nilai-nilai Sunda, ku cara ngadongengkeun tapak lajak sawatara menak Sumedang baheula. Tina seratannana, urang bisa ningali kumaha komitmen sosial menak Sumedang harita. Boh ka rahayat nu aya di wewengkonna, oge nu aya di luareun Sumedang.
Enya, gambaran umum, malah leuwih lengkep, ngeunaan hal-hal eta geus nyampak di sawatara buku atawa wacana "resmi" nu diserat atawa didugikeun ku para budayawan atawa sajarawan profesional. Tapi, keur kuring, "memoar-memoar" Bah Willy ngarupakeun data lapangan. Hiji panyaksen ti "pelaku", di kalangan "awam". Dina hal tari, misalna, bandingkeun jeung panyaksen suwargi Tjetje Somantri, "pelaku profesional", nu sawatara waktu ka tukang ku kuring pernah diposting.
Ari tulisan Bah Toto nu ceuk kuring pangasoyna: Posting anjeunna ngeunaan copet atawa nu disangka nyopet di setasion Jatinegara. Hiji waktu Bah Toto mulih ka Bandung -- harita anjeunna masih dines di Jakarta. Di Jatinegara aya copet katewak. Der digarebugan. Nepi ka, ceuk anjeunna, baloboran getih.
Dina ahir tulisannana, nu kuring teu weleh inget, Bah Toto ngadon lumengis. Nalangsa ku nasib jalma nu dituduh nyopet, nu ngadon digarebugan. Katingalina siga nu epes meer. Tapi,  nilai Sunda nu diharewoskeun ku Bah Toto: Rasa nyaah ka sasama, jeung rasa kaadilan. Malah, beh dituna mah, nya naon nu disebut kasadaran hukum tea. Sanajan eta batur salah, tong maen hakim sendiri. Komo karak dituding mah. Can karuhan. (Tangtu bae, urang bisa oge nanya leuwih jauh; Kumaha mun hakimna sorangan teu maen-maen? Atawa aranjeunna anteng maen sewang-sewangan?).
Hanjakal si Abah teh rada "sensitif", pedah anjeunna sanes urang Sunda pituin. Ari harita, posting-posting nu aya, kaasup posting kuring, ngaheabkeun "sumanget anti Jawa" atawa "anti" non-Sunda. Anjeunna teu bisa ngabedakeun "analisis sosial" jeung "analisis pribadi". Teu terangeun, kuring sorangan secara genetis mah teu kaasup urang Sunda pituin.   Ongkoh, rada absurd bae ngarumuskeun Sunda ku ningali asal-usul getihna.
Nilai-nilai Sunda nu ditepikeun ku cara nu leuwih "verbal", bisa katingal dina posting-posting Kang Oman, Ua Sas, sareng Abah Surya. Malah, baheula, Ua Sas boga "rubrik husus". Rubrik reboan. Eusina, sarupaning babasan atawa paribasa Sunda. Kaasup sesebutan keur hiji profesi atawa kaahlian, nu sawareh mah ngan tinggal dina buku. Hanjakal, kiwari eta rubrik teh leungit. Ongkoh, si Uana ge ayeuna mah arang mosting. Keur pogot kana buku, katingalna mah. Padahal, keur jalma siga kuring, nu karak Puasa kamari boga kamus Basa Sunda, dipaparin ku si Ua; seratan-seratan verbal kitu teh gede pisan mangpaatna. Kuring jadi leuwih nyaho, teu apal cangkem teuing, atawa salah ngalarapkeun hiji kokocapan atawa paribasa.
Pon kitu deui sepuh-sepuh sapertos Ua DJ, Kang Yayat Supriyatna, Kang Obay Sobarli, sjte. Kang Yayat, misalna, kantos nyerat perkawis  wawacan sareng guguritan. Lengkep sareng rupa-rupa pupuh anu aya. Teu kabayang, mun tea mah Kang Yayat teu ngadamel seratan siga kitu, urang nu hayang nyaho kudu kokotengan ka pabukon atawa toko buku. Neangan buku nu ngajelaskeun perkara eta. Leuheung mun aya. Di mana ayana ge, nya rada renced oge. Kudu ucul duit.
Ari onjoyna Abah Surya, keur kuring, lain bae ku verbalna eta. Tapi, ku kersana bae sepuh sapertos anjeunna rurumpaheun, ngiring gunem catur, dina "kahirupan rumaja" siga milis ieu. Pan, siga nu diharewoskeun dina pangacaprukan kuring kamari, arang birokrat nu kersa ilubiung dina milis, bari nepikeun kapentingan lembagana.
Tangtu lain kuring rek nyebutkeun si Abah kalebet birokrat, nu di urang mah konotasina teh goreng malulu. Tapi, maksud kuring, arang para sepuh, utamina nu kalebet  inohong atawa budayawan profesional sapertos anjeunna, kersa rurumpaheun ilubiung dina milis. Lian ti internet teu pati dipikawanoh ku umumna masarakat teh, milis mah lolobana sok diariluan ku barudak ngora tea. Matak kuring ngabasakeun, milis mah kultur barudak ngora. Ari ieu?
Tah, ku ayana inohong sapertos si Abah, nu ngagaduhan otoritas dina medar kabudayaan Sunda, boh ku sepuhna, pangalamannana, profesina, oge ku kaelmuannana, naon nu jadi tesis Pa Ajip teh geus dilakonan. Sadar teu sadar, aya pewarisan nilai (paling heunteu dina mekarkeun pangaweruh basa) ka generasi sahandapeunna. Kukituna,  kuring respek pisan ka anjeunna. Nya, sanajan ngacapruk, bari jajauheun tina nyunda ge, ieu teh hormat kuring ka anjeunna. Sakaligus do'a kuring: Sugan bae leuwih loba deui sepuh nu daek ngahuma di tempat nu ngaranna milis atawa internet, di kusnet.
Pangacaprukan ieu, oge hormat kuring ka budak ngora siga Kang Runa, Kang Eko, Kang Gibson, Kang Kumi, jeung sajabana, nu oge sok katingal di sawatara milis kakotaan di Tatar Sunda. Ku cara kitu, aranjeunna geus ngiring nepakeun atawa ngawariskeun budaya Sunda. Paling heunteu dina perkara basa. Ku cara nu basajan, murah, jeung up to date: Milis kusnet.


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441


Yahoo! Photos
Got holiday prints? See all the ways to get quality prints in your hands ASAP.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke