Nambihan sakedik saurna mah ayeun atos kapendak alternatif bahan pengawet anu bahana tina udang nu dikembangkeun di Fakultas perikanan IPB, ieu abdi kenging informasi teh basa nuju ngawangkong dikosan sareng barudak. Ayeuna nuju dikembangkeun eta produk teh. Mung duka naon namina abdi oge kirang jelas. Duka leres duka henteu ieu teh., Mugi wae ieu teh leres.
 
Teras cenah eta aya seratan yen formalin saleresna teu berbahaya, duka tah abdi kirang terang langkung jentrena. Mung numutkeun   peraturan Menteri Kesehatan (Menkes) Nomor 1168/Menkes/PER/X/1999, dijelaskeun yen formalin teh dilarang pikeun digunakeun dina makanan. Panginten pami urang nitenan tina peraturan eta, tos jelas yen formalin teh bahaya. Moal enya pamarentah daek ngbobodo ka rahayatna sangkan maot?
 
Cag...sakitu heula mangga anu sanesna kumaha ?
 
On 1/12/06, kamurer <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


ika mardiah wrote:
> Kuring ngadukung pisan kana usulan Cep Runa. Teu bisa diantep kalakuan
> nu hayang untung bari nyilakakeun batur, bener-bener euweuh rasa
> kamanusaan, boh di pamarentah boh di sabagean masyarakat. Intina surat
> pernyataan:  ngageuingkan pamarentah kana tugasna keur ngalindungi
> masyarakat (konsumen), ngalaksanakeun tugas pangawasan, konsisten dina
> nindak nu nyilakakeun konsumen, sosialisasi makanan
> sehat, ngalaksanakeun pamariksaan rutin ka tempat2/pabrik
> makanan. Mangga  nu sanesna mangga tambihan.
> Nuhun.
> ika

Assalamualaikum ww.

Satuju lah kuring oge kana usulan Kang Runa, kumargi sigana ku kasus
formalin teh seueur pangusaha bawah gual-geol...

Tapi ari kuringmah ningali berita formalinteh siga, siga anu nutupi
barita masalah korupsi di Luhur, (kabeh ti mimiti dipekes nepi ka dpr
ngaguar masalah korupsi, malah polisi ngarajia, Tapi ari masalah anu
nuju dipajeng ngaberantas korupsi di Polisi atanapi anu sanesna asa
jempling deui). Siga dihaja masalah teh ditutupi ku berita lain.

Tong siga di BKT, masalah Formalin teh anu diributkeun jadi masalah
bocorna surat ti Dinas kesehatan ka Walikota (surat anu bocorteh daftar
pausahaan anu di cokot samplena keur ngecek formalin).

salam
hendra





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke