mamat rachmat wrote:
> Kang Hendra... wilujeng... wilujeng..... wilujeng
> Sok geura prak makalangan di tanah Padang...
> Kang Hendra .. Pami alamatna dimana ?....
> Kadang-kadang abdi sok angkat ka Padang, .. nya biasa we .. buburuh....
> Sasih Agustus kamari, abdi ka Padang, Bukittinggi malihanmah sempet 
> ameng ka singkarak, tos mekel useup sagala, niatmah bade mondok di sisi 
> dano,
> sugan teh siga di urang (JABAR) .. ngan begitu ka warung.. cocacola oge 
> teu aya .. anu aya mung limun cap jeruk..... teras naroskeun hotel .. 
> anu aya mung losmen... rada tebih ti sisi dano..... ah .. uih deui we ka 
> Padang... nguseup sa-aya aya di sisi laut .. Padang...
> Cag ah...
>  
> Wassalam...
>  
> Mamatrachmatmantanjajakakapaksa
Kang mamat, ari kuringmah di bukittinggi handapen jamgadang nyingcet 
saeutik hehehe....
Muhun atuh ari di singkarakmah rada hese kanggo ngineop, tapi mun di 
bukittinggi atanapi di danau maninjau mah rea.., muhun di bukittinggi 
singkarak atanapi di sabagian sumbar masih seueur cocacola kampung..., 
pabrikna di bukittinggi, nya ari botolnamah sprite ngan di tapelan 
kukertas...merek limun.

Ayeuna di bukittinggi keur rame, hese indit-inditan kacegat macet.. loba 
jalan anu ditutup gara-gara RI 1 jeung Malaysia 1 ngadon ngadu bako di 
bkt. 1 jam saacan ngaliwat jln geus di bersihkeun, atuh urang kudu 
kukuliwedan make jalan kampung mun hayang lancar kanu dituju teh .

muhun atuh mun aya ngulampreng ka sumbar teh mampir ka bkt, pan aya 
kasauran teuacan ka sumbar mun teu nincak bkt.

salam
hendra
bkt



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke