walah salut ku peraturan nana... tah eta nu kedah di tiru.. sareng tara pasea gara gara ku masalah anu teu pira..
--- Yosep Hania <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Budaya ? aduh raraosan mah..teu cocok abdi > nyarioskeun anu kitu..teu > biasa abdi mah. > Tapi urang cobian di pedar atanapi di korek sakeudik > kaayaan di tempat > anu ku abdi di tincak ayeuna, KIEU GEURA : (Punten > bilih aya anu > langkung apal, nyuhunkeun di lereskeun). > > Oman..teu benten teubih sareng nagara nagara Arab > anu sanes, di dieu > sagala sisi ekonomi, ti ngawitan tukang sasapu, > gegeroh dugika tukang > usaha di dominasi (naon sundana nya?) ku urang > deungeun (pang-pangna mah > India). Malahan mah tiasa di sebat urang India > sareng rahayat Oman teeh > seueuran urang Indiana. Upami di urang mah panginten > Cina na. > > Oman.nagarana pinuh ku gunung batu,saeutik lahan anu > tiasa di jadiekun > pamukiman, didieu wangunana nga gedean / > ngajankungan kaluhur ti batan > ngalebaran.jadi ti mimiti uyut dugika incu lolobana > netep di eta hiji > wangunan. > Barudak Oman anu katingali ku abdi mah.amat sangat > begitu mencitai kedua > orang tua meraka (sok pang nyundakeun kunu tiasa). > Maranehna wani > bebeakan keur ngabelaan kolotna, teu aya anu wani > ngalawan sigana teeh. > Ceuk kolot hideung nya hideung, ceuk kolot koneng > nya koneng. Nya > panginten aya wau hiji-hijieun mah, mung teu > kanyahoan wae ku abdi. > > Sareng aya hiji aturan anu matak molohok, tapi ieu > aturan henteu terlalu > di patok (tiasa nego), sigana mun eta aturan berlaku > di urang teu > kabayang kumaha jadina nagara. Kieu , di dieu amun > rek NIKAH, kudu sadia > duit minimal 10.000 Real Oman (upami di rupiahkeun > kurang leuwih 250 > yuta an). Eta tehh keur mun ceuk kasar namah meuli > wanoja. (bisa keur > imahna, mobilna, perhiasana jrrd..) kusabab kitu teu > saeutik lalaki oman > anu teu bisa kulawarga (nikah tea), kusabab > panghasilan anu teu nyukupan > (jadi bujangan kolot mun di urang mah). Jadi di dieu > mah.para ISTRI teeh > kedah rela upami suami bade ngawayuh deui.teu > saeutik sanajan geus aki > aki (geus incuan antara 50-60 taun) , sanajan geus > boga pamajikan 3 > atawa 4, kusabab beunghar, maranehna (enya si aki) > nikah deui jeung > wanoja anu 25 taunan. Hebat teuu? Kumaha upami di > urang??? Hehehe > Hidup ngawayuh.sok saha anu bade yeuuuh.hehehe > > Rahayat Oman, seuseurna ngalakonan kahirupan dina > widang ngalaut / > nalayan sareng dina usaha sopir. Kulantaran kitu, > pamarentah Oman sasih > December kamari ngaluarkeun peraturan kanggo posisi > sopir eta. Anu > eusina kieu : "Tidak boleh ada warga Negara lain yg > mengendarai mobil > bak terbuka / pick-up, treuk, beus ..pokona mah > mobil anu gararede. > Terkecuali mobil anu datang ti nagara sabeulah". > Tah dugika kituna nya pamarentah keur nyiptakeun > lowongan pagawean keur > rahayatna.kumaha ari di urang? > > Oman.salah sahiji nagara Islam anu kuat, sigana > upami teu lepat saratus > persen urang Oman agamana Islam (punten upami > lepat). Aranjeuna kacida > ngewaeuna (atanapi kumaha nya nyebatna ) ka agama > anu sanes (komo deui > ka amerika mah). Tapi deui, aranjeuna ge sadar sa > sadar-sadarna, yen di > Oman teeh para pemegang bisnis seuseurna di gerakeun > ku urang deungeun > (urang Oman n amah mung janten sponsor wae upami > dina hiji parusahaan > teeh). > Tapi di dieu mah karaos pisan saling ngahargaan > sareng ngahormati di > antawis muslim sareng anu non-muslim teeh. Eta teu > leupas ti kuatna > hukum anu aya di dieu. Janten teu aya wee anu > hog-hag marebutkeun lauk, > marebutkeun awewe, ngaributkeun soal agama, komo > deui pembunuhan sareng > perkosaan mah. Estuning adem ayem enggelenggem, tiis > ceuli herang mata > ceuk paripaosna mah. > Kumahara ari di Urang ? gara gara lauk / kejo ribut, > gara gara awewe, > maehan batur (saingana), muslim sareng non muslim > pasea, kitu deui > muslim sareng muslim hog hag.(punten ahhh sakali > deui). > > Atos ah capek ngacaprukna..punten ieu mah punten, > sanes abdi bade > ngabandingkeun kaayaan di dieu sareng di nagara > urang, ieu mah anu saena > nya keur pi eunteungeun urang anu awon na nya kanggo > pelajaran. Da boh > kitu boh kieu ge abdi tetep urang Indo sanajan > ngarasa kuciwa ku kaayaan > ayeuna di urang. > Sakali deui punten, ieu mah ngan ngacapruk..kusabab > teu aya > padamelan.ngantosan di uihkeun ka lembur matuh > banjar karang > pamidangan.heheheheehe > Kulantaran kitu urang tutup wae lawang si > gotaka.jrek-jrek-nooooonnngg..TAMAT > > CAG ah. > > > -----Original Message----- > From: [email protected] > [mailto:[EMAIL PROTECTED] On > Behalf Of indung peuting > Sent: Sunday, January 15, 2006 10:37 AM > To: [email protected] > Subject: RE: [Urang Sunda] Budaya batur anu bisa > diconto ku urang..?? > > Muhunnya kang Yosep, bilih aya anu nyiwit, ulah > nyarioskeun nyandung, > tapi pek wae ari hayang mah.....he he. > Sok urang nyarioskeun, budaya waenya...Cing di oman, > budaya anu perlu di > conto ku urang eta naon .? Cing ah. pedar...? > > ipeut > (urang nyonto budaya batur seperti jepang, budaya > kerja efektif, atanapi > managemen berbasis kinerja) > > > > > Wassalam Nenny "Nineung Pisan Ka Lembur Kuring" __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

