Sae atuh, urang sudan teh nya kang..! picontoeun keur urang ulah ngaributkrun anu teu puguh tungtungan, mending ngalakonan ibadah anu khusu. Tah, ayeuna kumaha katuangan urang sudan....? naha sami katuangan pokona sangu...? atawa roti..? cik ah..pedar kang Dudi, lamun enya aya sangu diditu jigana aya sambel lalab, jengkol tah kumaha..?
 
ipeut
(asa tos lami siipeut, teu nimu jengkol....sono jengkolmania)

dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nuhun pisan atuh kang Jamal kana pangbageana.
Numatak ,abdi  ka/di  Sudan teh teu acan lami yeuh , nembe dua iyangan. Kahiji salami 43 dinten. Ahir oktober dugi ka awal desember 2005. Tah nu ayeuna nu kadua kalina . Kawit awal Januari , Insya Allah  sasasih lamina. Janten  teu acan tiasa  seueur dongeng na
Tapi anu katengetan ku sim kuring mah, karakter urang Sudan teh ampir mirip sareng urang Sunda . Sabar, gede toleransi jeung taat kana ibadahna. Malah leuwih onjoy ti batan urang sunda.Urang sudan mah anu katingali ku sim kuring, upama geus waktuna solat ah der we solat. Baju bolokot ku taneuh /kebul teu jadi alesan  teu ngadegkeun solat. Malah sujudna ge teu make sajadah , istuning diamparan  ku kebul taneuh we . Mun wudu teu rea meakkeun cai .Cukup ku  sabotol leutik. Solidaritasna oge cukup tinggi.
Istuning urang sudan mah dina ngajalankeun bag bagan  agamana teh ngaheulakeun ahlak tibatan patogtegan dina  urusan fikih. Dina solat wae, waktu ngadeg saatos takbiratur ihrom, aya anu sidakep, aya nu henteu. Teu jadi soal. Berjamaah we. Luyu .
Salila di Sudan, can ningali urang sudan parea-rea omong/ paheuras heuras genggerong atawa  pasea tea. Salabar we, padahal suasana  di pagawean rea piambekkeun, panas jeung rada diburu-buru, da di lapangan. Duka  ari kanyataan di luar lingkungan gawe sim kuring mah.
 
Euh aya pangalaman anu ngajadikeun  sim kuring rada ngagebeg. Waktos ngawitan pendak sareng urang sudan, manehna langsung ngasongkeun leungeun bari nyebut dhamam?, cenah. Ari pangdenge sim kuring mah sugan teh nanya damang?. Aeh sugan teh kuring panggih jeung urang sunda deui. Ari pihartieunnana kecap eta teh  meh sarua jeung  kecap damang di urang. Nanya kaayaan urang. Gimana  kamu OK ?, mun cek bahasa malayuna mah.
Sigana sakitu we heula nya "salam perkenalan" ti sim kuring  ayeuna . Insya Allah disambung sanes waktos.
 
Wassalam
Dudi

mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Bagea kang Dudi di Sudan, wilujeng gabung. reueus aya baraya US di luar
nagreg bari tiasa kontak sareng nu sanes. ke ke Sudan jeung Sunda teh ngan
ukur pajelit hurup, nya. hehe. Sudan teh di Afrika nya.

mangga bilih sono nyarios/nyerat basa sunda. der we serat lalakon kang
Dudi di Sudan naon bae.

nuhun
salam ti bdg

MJ -kuncen #3



Punten..., ieu sim kuring nepangkeun warga anyar millis urang sunda.
  Duh mani asa mendak suung sagunung, mendak millis  ieu teh.
  Kawitna mah, muka " Apa dan Siapa"na Pikiran Rakyat online. Eh aya
seratan tentang mang Jamal anu janten kuncenna millisna urang sunda, anu
anggotana pang ageungna sadunya tea.Sanes kitu kang Jamal? Teu
diengkekeun deui ah der we daftar.
  Puguh ieu sim kuring teh keur  cuang cieung we di lembur batur di tatar
Sudan.  Sanes di tatar  Sunda .Ieu mah di Afrika. Ari seratanna mah
leres teu aya bentenna. Persis sami limalimaan hurupna teh  , tapi
jalmina teu aya nu tiasa basa parahiangan.
  Janten kumendakna millis ieu jadi asa teu di lembur batur. Asa di Garut we.
  Aeh ..., muhun ,nepangkeun tea. Sim kuring Dudi, Asgar. Umur tos cueut
ka handap.Ayeuna keur koreh-koreh cok  di nagarana mendiang John Garang
tea.
  Nuhun ah ka PR ,anu tos masihan wartos ieu millis.
  Sakitu we heula, Insya Allah engke dipajeng deui....

  Wassalamu'alaikum

  Dudi Mulyadi

mj

http://geocities.com/mangjamal






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Photos
Got holiday prints? See all the ways to get quality prints in your hands ASAP.

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke