Assalamu'alaikum wr wb
 
Hapunten anu kasuhun sateuacan na sim kuring neraskeun ieu coretan,
sanes mamatahan ngojay ka meri , namung sim kuring seja  ulu biung dina perkawis ieu , kumargi katalian ku kawajiban
janten abdi teu tiasa balem ari aya sakedik elmu mah, nyaeta kedah di dugikeun sareng wajib hukumna,
akang syam, upami pamendak abdi mah kieu:
Katerangan ti akang perkawis urang sunda teh leres pisan, sanaos teu sadayana ngayakinkeun anu kararitu, namung abdi oge panuju sareng
pendapat akang syam, abdi mung tiasa masihan saran yen perkawis anu hal ieu sapertos jodo, pasti,cilaka, jst, teu kenging  gumantung  kana etangan karuhun margi bilih ngaluberkeun atanapi ngirangan  kayakinan iman urang, margi perkawis bagja sareng cilaka tos aya nu ngatur Na, malihan bilih malik cilaka ka urang nyalira, apanan urang sadayana kedah sieun teh mung ku Allah swt,
janten upami urang kahalangan ku sifat pamali dugi ka yakin tur sagala rupi maksad anu sae janten bedo alatan pamali , berarti kayakinan urang teh tos tue salaras sareng aturan  anu Kawasa, sapertos nikah apanan eta teh ibadah.
Abdi ge kantos wangsul ka lembur  di thn 1998 sareng pas dina boboran siam angkat ka hiji lembur batur masih di kawasan jawa barat
( moal di sebatkeun nami lemburna bilih aya anu kasinggung ) waktos eta teh aya raramean abdi naroskeun ka salahsawios tukang ojeg,
Abdi : " punten kang bade tumaros aya naon ieu teh"
Tukang ojeg : " ari si akang siga anu teu apal, dimana aya janur kuning berarti aya anu nikahkeun"
Abdi : " Euleuh dina waktu lebaran...? kumaha hukumna ieu teh , sareng naha teu aya deui  poe anu sejen..?"
Tukang ojeg : " Apanan saur ilapat sareng etangan sesepuh di kampung ieu kedah dinten ieu pisan guna kabahagiaan ka dua mempelai      supaya awet jodo sareng ageung milik na, sareng di tebihkeun tina balai "
 
Sim kuring neruskeun perjalanan bari ngagerentes  Astaghfirullah ...." kumaha hukumna nya..? naha meunang kitu...? mudah2an bae teu aya larangan dina agama anu di agem ku urang sadayana,
 
Aya deui kalimat2 pamali ti karuhun urang sapertina :
Ulah cicing di lawang panto , cenah bisi nongtot jodo, padahal arti anu saleresna mah ngahalangan jalan, janten ulang cicing dina lawang panto.
Atawa osok aya deuih anu nyebat kieu " ulah kaluar  pas magrib , bisi di samber sanekala " padahal mah hartos na teh miwarang sholat magrib heula lamun bade angkat.
 
Mugia ieu coretan teh aya mangfa'at na kanggo urang , atuh seja hapunten anu di suhunkeun bilih aya anu lepat na, maklum abdi oge masih awam pisan kana perkawis  anu kararieu teh, ieu mah sapedah katalian ku wajib wae ka sasama urang silih emutan, atuh ka saderek US anu aya di milis eiu , punten panglereskeun sim kuring bilih lepat, sareng hayu urang silih geuing guna ngokohkeun akidah urang dina ngajalankeun
agama islam, amiin.
 
Wassalam
S M Natapradja 
 
 
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, January 17, 2006 8:00 PM
Subject: [Urang Sunda] USUL ka Karuhun

Lain ge urang sunda mun sagala rupana teu dihubungkeun jeung kabisaan karuhun baheula, timimiti milih kadaharan nepikeun ka masalah pijodoeun, mun  ceuk karuhun "pamali" hartina teu meunang didahar atawa dilakonan. Kecap pamali mangrupakeun harga mati, nu teu bisa ditawar tawar deui, mun dilanggar cenah sok aya wae mamalana. Enya, asa ripuh mun nu kaasup pamali eta kaparengan kabeuki saperti : beuki tunggir hayam atawa sedep huluna. Komo mun dikaitkeun jeung masalah jodo mah, asa leuwih ripuh, loba pisan pantanganana. Salahsahijina anu masih keneh napel; jajaka sunda teu meunang kawin ka wanoja jawa (alesanana asana sering diguar di ieu milis), atuh dina meunang jodo dikandang sorangan ( jeung urang sunda deui) ge teu weleh aya pantanganana anu neumbrag deui ka kecap pamali. Biasana dina di palebah wewetona kudu ninggang dina repok,hartina mun bedog mah asup kana warangka, contona; salasa jeung saptu atawa senen jeung kemis,jrrd. Duka enya duka ngan ukur wadul cenah ari teu repok aya kalana dipangusahakeunana ge seuseut seuat, berewit, jrrd atawa sarua gewengna mun ngajodo jeung anu sawedal. Wallahualam !
 
Beu enya ripuh, kumaha mun diparengkeun anu bogoheun teh Dian sastro, nek ditampik lebar nek ditarima sieun aya bebendon ti karuhun. Atawa aya neng Dian Sastro versi urang sunda nu bogoheun, piraku can nanaon geus tunyu tanya weweton sagala, saleuheung mun repok, kumaha mun sabalikna, piraku nek bedo alatan sieun kadongdon deui ku kecap karuhun. Ceuk sawareh, teu kudu dipirosea da nukitu mah kaasup mitos,kanyataanana lahubiheung enya. Enya asa kabeberah mun aya nu ngomong kitu, tapi tetep we ari geus nyaho mah  sok jadi ganjelan wae mun dirumpak teh.
 
Mun meunang usul ka karuhun, sakuduna mah karuhun baheula teh ulah loba teuing ngaluarkeun pantangan, dina ayana ge cukup nepika harita, da ayeuna mah geus beda jaman, jeung deui dina aya ge nu ngarumpak teu matak teuing jadi bebendon. Ulah nepikeun, anak, incu, buyut, janggawareng karuhun kabeungkeut ku aturan anu disebut pamali anu kiwari geus teu sesuai deui. Mun tetep tukuh yen nu teu dimeunangkeun ku karuhun baheula, berlaku nepika ayeuna, meureun urang teh salaku anak incu, buyut, nepikeun ka kakait siwurna karuhun, tetep susah usik da kabeungkeut ku ucapan ucapanana karuhun eta.
 
Salian ngawariskeun puntung pantang samodel tadi, sabagian karuhun urang oge ngawariskeun kabiasaan, anu ceuk sabagian kurang hade, nyaeta kabiasaan nyandung. Nepikeun ka kiwari kabiasaan eta tetep napel, malahan jadi panjejeleh seler sejen tur kabeh lalaki sunda disakompet daunkeun. Wah kumaha yeuh hoen !anak,incu,buyut,janggawareng, ulukutek, kakait siwur karuhun, jadi korban yeuh !
SR ( keur diajar nulis sabulang bentor)
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke