cerita
kumaha teh IKA anu geulis,bisa tamat kitu, cing dongngeken atuh
cuplikanna
-----Original Message-----
From: ika mardiah [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, January 17, 2006 10:40 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Fetussaga-tamatHoreee....tamat.Akhirna tamat oge Fetussaga, novel MJ nu katilu. Novel nu ceuk kuring mah alus pisan, nu kahiji jeung kadua alus. Pan ngan aya alus jeung alus pisan, hehe.....Cara nulis Fetussaga leuwih genaheun, lantaran si "Aku" jabang bayi nu ngalaporkeun sagala rupa nu ditingali atawa didangu atawa tina dialog, kitu oge mun nyaritakeun karakter tokoh-tokohna, Keur kuring mah cara nyarita jiga kitu leuwih genah, tibatan si penulis/pengarang ujug-ujug nyaritakeun karakter tokoh.Oge Fetussaga jadi novel nu unik, kulantaran salain nyaritakeun janin, oge interaksi janin jeung dunya siluman, Onom nu lucu gening, oge siluman lainna nu beda waktu meureun, atawa leuwih kolot (nu saleresna tiasa diguar tah perbedaan waktu antar siluman teh).Onom salian ti lucu, jagoan/sakti, oge pinter, asa leuwih pinter ti pantar kuring, hehehe....puguh nu pinterna mah nu ngarang nya.Unik, kulantaran nyaritakeun lelembutan batin urang Sunda ku urang Sunda pituin nu paham pisan kana sagala mitos jeung legenda nu aya di tatar Sunda. Jadi teu kagok dina basa, dina dialog, ngaguluyur, bari aya oge sentuhan jeung hal-hal modern.Oge kahirupan basajan nu bisa kaalaman ku unggal kulawarga anyar nu munggaran rek boga bayi.Hebat lah MJ. Lain goblin atawa peri atawa kurcaci nu bakal dipikawawuh ku anak incu urang teh, tapi oge Onom.Nuhun MJ tos ngahibur sareng masihan pencerahan ku novel nu sakitu saena. Nuhun oge tos masihan haratis! hehehe.....Mangga baraya geura galeuh sareng baca Fetussaga, bilih kabujeng seepeun.Baktos,ika
Yahoo! Photos
Got holiday prints? See all the ways to get quality prints in your hands ASAP.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

