Tos aya 17 an urang (dosen sareng mahasiswa) anu bade
sumping, dina acara SIMPAY-KUSnet.(tong hilapkang
kumincir pesenan buku 4S na). Hiji jumlah anu kawilang
seueur, da ari biasana mah acara SIMPAY teh paling
seueur oge anu sumping mung 10 urang.
Ku kuring "diolo" mun sumping ka acara  eta, baris
tiasa chetting sareng urang SUnda sakuliah Dunya.
(Kang MH siap-siap "ngaluangkeun" waktos dina Dinten
saptu ping 21 Januari mayunan komputer).

Anu parantos maheutkeun waktos teh, kang Oman, sayagi
tiasa janten moderator, Teh Ika oge bade sumping, 
saurna teh. Kang Runa tos siap janten koordinator
notulensi, atanapi reporter anu bade ngawartakeun
jalanna pasamoan via yahoo Messenger. Atuh Kang
Kumincir, tos pasti kedah medarkeun wikipedia.kang
Ikmal sareng kang Ndoell oge kapungkur teh tos sayagi
janten seksi repot. Mung kuring teu acan kenging
konfirmasi ti Kang Akos, Kang Tirta sareng teh Imas.

Ti pihak simpay mah, panginten aya mang Ayat anu bade
medarkeun visi sareng misi SIMPAY, anu ngawitan gaduh
ide ngadegkeun SIMPAY. Saleresna mah seueur urang UI
anuhoyong sumping, namung numawi "bentrok" sareng
acara seren taun di Cigugur Kuningan.
Aya rencana hoyong ngulem ti pihak media, diantawisna
Radio Kayu Manis (saran Kang Didin), Media Indonesia
(aya reporter Iis Jatnika alumni Unpad),Monitor Depok,
Radio UI. Ari  kuring mah nuju nyiapkeun lab.
komputer, kango tempat pasamoan. Pami aya VCD kagiatan
KUSnet, langkung sae deui, supados tiasa diputer dina
acara eta.

Ke  urang naros deui ka Kang Mumu naon deui anu kedah
disiapkeun.


baktos,

mrachmatrawyani

--- kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Wa'alaikumsalaam w.w.
> 
> Dupi ti SIMPAY-na kumaha ieu teh, Kang Yani/Runa?
> Simkuring tinggaleun
> yeuh... Format acarana teh jantenna kumaha? Naha
> sakumaha ilaharna riungan
> SIMPAY nu atos2, atanapi aya format sanes hususon
> pidangan KUSnet (dina
> raraga sakalian Kopdar, saha wae nu bade sumping)?
> 
> isk


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke