Cik mang bade naros, pami nu hamil/ngandeg cenah kedah nganggo kalung nu gantunganana biasana sok paniti, bawang bodas teras sabangsaning naon deui teu patos apal. Ieu saurna kanggo ngahindar hal2 gaib anu bakal ngaganggu (ngaganggu kana janinna panginten nya). Teras cenah pami urang gaduh pasangan ulah masihan barang samodel acuk/anggoan sabab tiasa megatkeun kana hubunganana. Tah contoh2 eta, nganggo alasan sacara logikana aya teu?
Manawi we gaduh jawabanana.
Neng Iva
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Perkara Pamali jeung Bumali
ieu teh teu kabeh goreng. malah kalolobana mah alus. ngan make cara dogma,
teu dijelaskeun naha2na. tah urang nu pikiranana geus dipake, kaci
nalungtik eta pamali jeung bumali teh kalayan gemet jeung kritis. teu
langsung lumpat ka nyalahkeun. da mun karuhun salah mah, meureun urang teh
moal aya alias tamat, ludes. sabab dihenteu-henteu oge, hirup teh rada
deukeut ka teori darwin-asana istilahna ieu: survival for the fittest.
jelema atawa mahluk nu bisa nyaluyukeun karep jeung alam nu bakal terus
hirup atawa aya.
enya, siga ayana leuweung larangan, pamali diasupan, beh dieu kapanggih,
sangkan alam teu rusak, jst.
pamali istri wanci magrib diuk dina lawang panto. enya, ngahalangan nu
liwat, ari baheula mah apan can aya listrik. jabana oge rek naon
ngajanteng dina lawang panto. haha.
pamali ngaput peuting. enya, da atuh ngaput teh make jarum. peuting tea
rada poek hese ningali jarum teh. bisi katojoz, jeung saterusna.
jadi pamali ieu wajib dipaluruh make nalar.
mj
http://geocities.com/mangjamal
Yahoo! Photos
Ring in the New Year with Photo Calendars. Add photos, events, holidays, whatever.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

