RSAB HK – kaping 18 Januari 2006M
            RSAB HK –  kaping 18 Dzulhijah 1426H
 
AA Hafizh FS
 
 
Cing runggunuk na gunung
Cing ngareplakna sawah
Silih ganti tur kaselang ku pahumaan
Eces kaendahaan alam sunda
 
Breh di lebak pilemburan
Cing parentul suhunan imah
Ditengah-tengah manara masjid
Sisi lembur pasawahan jeng kebon
 
Duh….. gusti nu maha agung
Jumeritna ati neda sihapunten salira
Pangen nu murbeng alam……
Sesembahan sadaya mahluk
 
Ya alloh ya robbul ijjati
Pangen nu mahasuci tur pinuh ku kanyaah
Tetepkeun hate dijalan nu jejeg leumpeng
Jalan para suhuda jeng sholihin
 
Neda jumhur kayangagung
Muntang-muntang kapangawasa
Nyatana pangeran nu maha luhung
Nu maha agung………
 
Duh.. amu panutan hate.. pupujaan kalbu
Disalamina di pigangrum siang kalayan wengi….
 
Ujang nu kasep anaking….
Geura gede gera jangkung….
 
Astagfirullah robbal barroya
Astagfirullah minal khotoya
Robbi jidni ilman nafi’a
Wawafiqli amalan maqbula
 
Ya Alloh gusti nu agung
Nukagungan alam pawenangan
Jantenkeun simabdi Jalmi anu sobar
Ulah di cobi ulah di lak’nat
Tuntun abdi  dina sholawat
 
Astagfirullah robbal barroya
Astagfirullah minal khotoya
Robbi jidni ilman nafi’a
Wawafiqli amalan maqbula
Ya Alloh gusti nu agung
Nu maha adil
Lungsurkeun imam nu jujur tur adil
Ngajagi nagara ngaja agama
Teu licik tur akal hayawan
 
Astagfirullah robbal barroya
Astagfirullah minal khotoya
Robbi jidni ilman nafi’a
Wawafiqli amalan maqbula
 
Ya Alloh gusti nu agung
Nyuhunkeun pangampura ti salira
Tina sadaya dosa-dosa simabdi
Nu ngahihilap ka salira pangeran.
 
Jaman tos leukkasan
Dunya geunjleung
Ma’mum na cing balecir
Imamna laleungit
 
Jeleuma2 lalumpatan
Jeleuma2 pasolengkrah
Neangan ceuceukeulan
Neangan pangeran pamuntangan
 
Jaman tos leukkasan
Dunya geunjleung
Ma’mum na cing balecir
Imamna laleungit
 
Jeleuma jumerit bari
Nyakaran bengeut sorangan
Mementa kanyaah
Mementa hampura ti pangeran



------------------------------------------------------------------------
Agus Kurniawan (PAKUSARAKAN)
hp 08128377662
--------------------
PT. Smarthub Technologies
Gedung raudha Lt 1 Blok A - 1
Jl. Terusan Hr Rasuna Said No. 21
tlp 021 5279909 fax 021 5279908
Jakarta Selatan
Http://www.smarthubtech.com


Yahoo! Photos
Got holiday prints? See all the ways to get quality prints in your hands ASAP.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Attachment: kotretan_siuing.doc
Description: 1993450902-kotretan_siuing.doc

Kirim email ke