Waalaikum salam wr. wb.
Punten sim abdi bade nyobi ngawaler namung sabulang bentor we, mugi kapayun aya anu ngalereskeun.
Sakaterang sim abdi maepo ngawitan mashurna ti Cianjur tijaman bupati Aria Wiratanudatar ka ..?? ( hilap deui..) , anu diluluguan ku putrana nya eta Aria Cikondang, dupi guruna mah harita bapa.....?? ( hilap deui...., anu teras dijantenkeun kapala kaamanan di kantor kabupaten Cianjur).
Aya tilu aliran maenpo di Cianjur, nyaeta ; Cikalong, Cimande sareng Syahbandar.
Aliran Cikalong sareng Cimande, asli aliran tidaerah pasundan, mung bae aliran Syahbandar, sanggem wartos nyaeta gabungan tina aliran-aliran nu aya dikota-kota palabuhan sapertos, Sundakalapa, Bontang, Cirebon ssjb.
Kecap maenpo, kawitna tina kecap maen + po, kecap "po" duka teuing tina kecap "fu" tina kung-fu (basa Cina), margi ninggali di Jepang kecap "kung-fu" (bhs. Cina) janten
"kem-po" dina bahasa Jepang.
Sakitu tah sakaterang sim abdi mah, punten bae bilih teu leres, ma'lum sabulangbentor tea.
Wassalam....
Pihatur
ssw
JUHARA [EMAIL PROTECTED]
Assalamu'alaikum wr. wb.
Wilujeng enjing baraya sadayana mudah-mudahan urang sadayana aya dina ginanjang kawilujengan Amiiienn.......
Bilih aya anu uninga, bade tumaros dupi elmu bela diri atanapi pencak silat maenpo teh kawitna ti Cirebon atanapi ti Cianjur atanapi timana ? Atanapi ti Bandung kitu ? Dupi ayeuna masih aya henteu nya ?
Punten pisan yeuh wantun tumaros, hatur nuhun
sateuacana.
Wassalamu'alaikum wr. wb.
Mang N'JUH.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

