wilujeng kang iyus.
leres.. kasep pisan akang.. teh.. sing dibandingkeun sareng...... pun bojo 
oge.. nyaan...!
sok sing betah sareng mangga kintunkeun bobodoranana.. abdi sok resep kana 
heureuy bandung teh.. teu aya bosena dugi ka ayeuna.  padahal abdi urang 
banten (maksadna????)
sok lah kang. ulah heran, saparantos posting ieu, biasana abdi mah langsung 
ngalelep deui teu kecet-kecet.
ma'lum rada diwatesanan kanggo kikieuan. teh.
dudin
purwakarta

----- Original Message ----- 
From: "IYUS KUSNAEDI" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Friday, 20 January, 2006 08:27
Subject: [Urang Sunda] nepangkeun ka sadayana


> Assalamu alaikum wr.wb.
> Nepangkeun nami abdi Iyus Kusnaedi, urang sunda tulen,
> lahir di KamBojA alias Kampung Bojong Asih lebah jalan
> Bagong alias Babakan Tarogong. Dina nami alhamdulillah
> abdi mah teu aya patula patali sareng Maudy Kusnaedi
> artis nu beken tea nu unggal dinten Sabtu sok aya dina
> acara Gebyar BCA. Punten tong disamikeun sareng
> anjeunna, tebih pisan atuh anjeunna mah geulis
> kawanti-wanti endah kabina-bina ari abdi mah ahh...
> pameget biasa nu kasep(dibandingkeun sareng istri
> mah....
> Sim abdi terang komunitas ieu ti kuncen kusnet nu
> pasti kasohor di di alam maya kusnet,... nyaeta ti mag
> jamal, novelis ternama nu tos nerbitkeun 3 novel tea
> geuning... (tos meser novel-novel na), punten rada
> promosi sakedik dipiwarang ku anjeunna... Kaleresan
> abdi sakantor sareng sok ulubiung sareng anjeuna.
> Katinggalna seueur pisan unsur-unsur bobodoran ti
> millis ieu nya... Kaleresan abdi ge sok rada-rada
> resep kanu bobodoran teh , ubar stres sareng obat awet
> muda. sakitu perkenalan ti abdi................
> Wassalam
>
>
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
> 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke