Wilujeng ka sadaya mugi acarana lungsur langsar teu aya halangan harungan. Atuh ka Kang Nanang, Kang Rahmat, Teh Imas, Kang Ikmal oge wargi sanes ti pangkalan Kusnet Jakarta sim kuring mah cekap teu cekap geuning mung tiasa jajap ku du'a we nya, teu tiasa ngabelegedeg datang. Atuh anu ti pangkalan Bandung, hapunten teu ngaakomodasian.
 
Sakali deui wilujeng, jaga gogonjakan jaga kakompakan (beu kawas pesan harian militer bae nya)
 
salam
JalakPakuan
 
en be:
1. Kang Nang, Teh Imas, Teh Ika....punten teu tiasa ngiring ngeupeulan.
2. Kang Rahmat, punten geuning abdi masih kakait ku urusan saunggalah

[email protected] wrote:
> ndoell <[EMAIL PROTECTED]>wrote:
> Assalamu'alaikum Warrohmatullohi wabarokaaaatuh
>
> baraya Kusnét dimana waé ayana,
> Sapertos nu dibéwarakeun sateuacanna, SIMPAY UI-Kusnét bade
ngayakeun
> riungan sakaligus Kopdar KUSNét anu Insya Allah badé diayakeun
dina :
>
> Dinten Saptu, ping 21 Januari 2006
> Tabuh 10 (sapuluh) enjing dugi ka leuleus
> Tempatna di Perpustakaan Pusat - Kampus UI, Depok
> (Pengkereun Gedung Rektorat)
>
> Agénda acara diantawisna :
> - Silaturahmi jeung wawanohan
> - Medarkeun sarupaning Kukusnétan sareng Kasundaan
> - Conference online sareng baraya Kusnét
> - jrrd
>
> Kumargi pentingna ieu acara, peryogina ideu ti balaréa,
> ka baraya anu salsé, baraya énggal nu hoyong tepang, baraya nu
> mikareueus jeung nu ngarasa miboga ka KUSnét dihaturanan sareng
> diantos pisan kasumpinganana.
>
> Anu badé ngiringan, mangga konfirmasi ka :
> Kang Runa : 0818109410
>
> Sakitu anu kapihatur,
> Wassalamu'alaikum Warrohmatullohi wabarokaaaatuh
> Hatur nuhun,
>
>
> -Ndoell-
> tukang wawar
>
> --------------------------------------------------------------------
--
> Dépok..Dépok..Dépooooook......
> Mangga Kang ! Téh, kosong kénééééééééééh........
> géséran sakedik...éta murangkalihna punten dipangkon wé...
> Depok..Depok..Depooooook......
> --------------------------------------------------------------------
--
>
> énbé :
> nu tos konfirmasi badé sumping di antawisna :
> -ti SIMPAY UI : 15 urang
> -ti Kusnét : 10 urang
> -ti wartawan : 3 urang
> -ti megaswara tivi : sa-urang
>


Makarya Mawa Raharja


Yahoo! Photos
Got holiday prints? See all the ways to get quality prints in your hands ASAP.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke