Ari pesen pa Setia Hidayat mah asana teh rada cocok atanapi memperlah ku paribasa "sareundeuk saigel sabobot sapi huluan jeung sukuan" eh.. lepat ketang "sabobot sapi hanean". Hiji organisasi para anggotana heunteu sareundeuk saigel, atuh paciweuh wae anu aya. Sapertos ayeuna di tingkat nagara, soal "perberasan", pamarentah ngaluarkeun kawijakan ngimpor beas, tapi para parpol anu anggotana diangkat janten menteri di kabinet teu satuju, tah eta namina teu sareundeuk saigel tea (meureun). Pan ari kedahna mah, lamun teu satuju kana kawijakan pamarentah, tong janten menteri atun, mendingan jadi oposisi, siga PDIP.
Ari "ceuli-rasa-selera", naon nya kacapangan sunda anu pas, tapi ari dina basa malayu mah panginten "alah bisa karena biasa" tea (panginten). Alah geuing mani hese nya, ngapalkeun paribasa sunda teh. Eta panginten pedah teu biasa "berpikir" pola budaya Sunda. Tapi anu jelas perkara "ceuli-rasa-selera" ieu tiasa dilatih. Aya teori-teori anu aya pakaitna sareng ieu teh, nya di widang Psikologi (behaviorisme). tah ieu mah sigana bagianana teh "mojang-akang" Iva. Mangga geura dialokan lah. Pedaranana Teh Ika ceuk kuring mah tiasa ngambah ka widang sanesna, anu aya pakaitna sareng kinerja, budaya urang Sunda. baktos, mrachmatrawyani --- ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Digedekeun di Tatar Sunda, teu ngajadikeun urang > wanoh kana kesenian Sunda, utamana kana musikna. > Keur ngawanohkeun seni budaya Sunda, Sekda Jawa > Barat, Pak Setia Hidayat, dina selingan acara rapat > sok ngahaja nyandak kelompok seni Sangkakala > Pajajaran. Bari masihan nasehat supaya gawe kompak > babarengan anjeuna masihan conto, saurna " Lamun > urang teu kompak gawe, dangukeun contona jiga rebab > jeung kacapi dimaenkeun sakainget sewang-sewangan, > pan teu ngeunah kadangu na oge. Sok geura" Anjeuna > miwarang ka tukang rebab jeung kacapi. "Nya teu > ngeunah pan kadanguna oge". Abdi jeung babaturan > silih pelong, "teuing ceuk abdi mah asa ngeunaheun > we, da biasa ngadangu Gun 'n Roses". > Heuheu....ceuli-rasa-selera gening kumaha kabiasaan. > Matak ayeuna mah mimiti ngadangukeun gamelan Sunda, > pokona mah dangukeun. Asalna mah mun keur nyetir sok > jadi nundutan, lami-lami mah biasa. Enya gening > raoseun. Keur macet oge asa ni'mat. > > Baktos, > ika __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

