tadi wengi milarian di FM teu aya wae, gentos ka MW nembe kadangu sora Ua Sas, pangtarikna, nu ngajelaskeun buku-buku nu aya di Rumah Baca. MJ mah kadanguna lalaunan, teras abdi tunduh, lep wae sadayana teu kadangu.
Wilujeng ka sadayana nu tos mintonkeun KUSnet di RRI.
ika
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Abah Nano S teh salian ti seniman seni sunda, oge gaduh acara nu
diusulkeun ku kang Ajip Rosidi ti Pusat Studi Sunda. nami acarana Bale
Rancage. diantawisna ngaguar budaya Sunda sapuratina.
jadwal on air malem Salasa jam 9.30 wengi di RRI Bandung, AM. sanes FM.
acara di RRI mah tos dua kali, taun kamari sakali. abah Nano S tos tilu
taun cenah nyepeng acara eta, sugan aya sacewir kertas ti kepal RRI. malah
kepalana oge kungsi teu apal nu mana jeung saha2na. hehe. kitu tah dongeng
RRI Bandung
ari acarana mah, tilu jurus, da tilu jalmi nu ngiringan.
ua Sas ngaguar lalakona muka Rumah Baca Buku Sunda Jeung Sajabana.
si kuring, ngaguar muka pabukon di lembur2 di tatar Sunda, kalayan kenging
pangrojong baraya KUSnet.
kang Soni mah, ngaguar pangalamanana atawa cara2na milari pitempateun
kanggo pabukon di lemburna. di bumi guruna nuju SD. ayeuna tos pangsiun.
aya telepon ti pabukon Banjar 2, bu Aas nu nelepon, nganuhunkeun kana
program Pasaka ieu.
basa di Bandung TV mah, kang Dedi Mayak Cibeber Cianjur nu nalipun teh.
jam 11.30 wengi acara rengse. nebeng mulang kana mobil kang Soni Rosa nu
weuteuh, malah kardusna oge napel keneh, mobil Avanza seri C 230 (heuheu)
sareng si Ua Sas.
mj
http://geocities.com/mangjamal
Yahoo! Photos
Got holiday prints? See all the ways to get quality prints in your hands ASAP.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

