tah, murudul katerangan sejen anu ngeuyeuban.

mun palebah perang Bubat teu diasupkeun kana lalakon sasakala Sunda Gede
Sunda Leutik -sebut we jamana beh ditu keneh atawa malah perang Bubat teh
sabenerna mah teu kungsi kajadian tapi carita direka walanda ('aliran
Sunda' kang Ilen)- katerangan ti Bah Willy oge kang Rachmat Rawyani  keuna
pisan kana logika sasakala.

konsep Nusantara majapahit gajah mada
carita majapahit gajah mada palapa eta digedeukeun ku urang wetan oge
sebrang sangkan nasionalisme -cinta tanah air tea - di urang harurung,
bari teu reueus ka walanda-nu ayeuna dianggap ngajajah tea, tarjamahan ti
kolonialisasi.

mere carita yen baheula memeh walanda datang, di kawasan kepulauan
nusantara, geus pernah ieu wewengkon teh ngahiji, nyaeta jaman majapahit
cenah. sumpah palapa tea. sangkan urang sebrang ka pilem oge, nya disebut
oge jaman sriwijaya.

carita kitu sarimbag jeung carita viking di skandinavia. ngan di dinya mah
memang raja2 di unggal negeri ayeuna masih katurunan viking kabeh (hehe,
aya dina novel Louisiana Louisiana :)

sanajan mun jujur mah, indonesia ayeuna estunink warisan kolonial walanda.
nu ngawangun infrastruktur awal kaasup hukum jeung pamarentahan teh
walanda. ngan sigana urang teh mun murid tea mah, murid nu bodo pisan.
haha. ditinggalkeun walanda teh hese maju.

politik kolonialisasi di india
enya, soal hindia-india tea. nepi ka inggris jeung walanda masing2 boga
dua hindia. india asli jeung hindia barat nu inggris, hindia atawa india
timur nu walanda (east indies) alias indonesia ayeuna. ngaran resmina mah
asana,basa urang na, india timur belanda (Netherlandsche East-Indies
kitulah). siga Guyana Perancis. tapi ari perkara geografi mah, angger we,
Sunda Besar Sunda Kecil.

india-indonesia
bakat ku cinta tanah air, ngaran resmi samudera india dina peta, diganti
ku urang jadi samudera indonesia. teu nanaon, asal ngan ukur pikeun
kaperluan maritim urang. da mun di bawa ka forum internasional mah meureun
disaleungeseurikeun.

baheula indonesia jeung india deukeut, sosobatan, bk jeung nehru da papada
urut jajahan, jadi kokojo asia afrika tea. nepi ka ngaran duit urang oge
niru ka india, rupee jadi rupiah.

geus ah da ukur ngawadul

mj

http://geocities.com/mangjamal










Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke