Bade ngiringan ah, sawios rada telat oge.
Resep memang ari ngaguar kana sajarah teh, komo deui tatapakanana masih aya keneh dugi ka ayeuna siga ngaran sunda ageung jeung sunda alit dina atlas dunya. Saur kang tantan mah sajarah teh sok ngahudang rasa romantisme...
Leres memang, ngaran sunda ageung - sunda alit diwanohkeun ku urang Portugis anu ngulampreng pang payunna di bumi nusantara batan bangsa Eropah nu lian. Tapi nyandingkeun perang bubat jeung Portugis munggaran datang ka nusantara asa ku jauh teuing.
Nalika perang bubat (1357), dina pipikiran urang Portugis oge urang Eropah mah, wewengkon ti ngawitan India ka nusantara dugi ka Jepang disebutna teh India we wungkul (sa-india-india-na). Bejana harita di India mah seueur pakayana, atuh urang Eropah meni paheula-heula rek milari eta nagara India.
Kusabab jalur wetan - India aya dibeulah wetan-na Eropah - mangsa harita dipikasieuneun pikeun lalayaran lantaran ombakna gede pisan, utamana di daerah Tanjung Harapan (kiduleun Afrika) - seueur kapal tilem di ieu tempat -, ku kituna para palaut Eropah nu miboga kayakinan yen dunya teh buleud, ngajugjug milarian India nganggo jalur kulon. Kakara dina taun 1492(?) nalika Columbus atawa Amerigo vespuci nu ngaliwatan jalur kulon mendakan hiji tempat (dunya anyar alias Amerika) nu ku maranehna disangka India, nepi ka penduduk pribumina disebut Indian dugi ka ayeuna. Padahal India nu sabenerna mah jarakna masih satengah alam dunya ti dinya.
Dina ahir abab XV atawa awal abad XVI armada Portugis dugi ka nusantara. Ceuk beja, Portugis nu tos aya di Malaka dina taun 1511 diserang ku Pangeran Sabrang Lor ti Demak, tapi serbuana gagal. Terus taun 1512 Portugis kacaturkeun bentrok jeung Sultan Baabulah di Maluku.
Taun 1513 Tome Pires ngabejakeun yen manehna kungsi ka Sunda Kalapa (aos: Palabuhan Kalapa nu dipiboga ku Karajaan Sunda), oge ngalakukeun hubungan dagang jeung regno de cumda nu puseurna aya di dayo (dayeuh).
Sri Baduga Maharaja nu harita jadi pangawasa di Karajaan Sunda (Pajajaran) ngirimkeun misi damai (jeung dagang) ka Malaka dina taun 1514 nu dipingpin ku putra mahkotana nyaeta Surawisesa. Malih mah kungsi dua wangsulan misi ka Malaka teh, nu kadua na dina taun 1519.
Beja ti Antonio Pigafetta (1522) nu ngadamel kamus Melayu - Italia, ngagambarkeun yen Sunda teh wewengkon anu seueur ngahasilkeun pedes (lada). Padahal ari pedes mah tiasa tumuwuh di sakuliah nusantara.
Saur mang Ayat: Camoes, hiji panyair nu ngiring lalayaran kuriling dunya jeung Magelhaes (1522), dina sajakna nyebutkeun yen Sunda mung hiji-hijinaa nagara nu aya di sakuliah nusantara. Harita memang Majapahit tos runtag (1478), gagantina siga Blambangan oge Demak masih kaitung nagara leutik.
Hubungan Portugis nu sakitu hadena jeung nagara Sunda, ahirna dipaheutkeun dina hiji prasasti Padrao (1522) nu ayeuna eta prasasti aya di Musium Nasional (tapi tulisanna goreng patut). Matak teu heran upami Portugis masihan "apresiasi" nu sae pikeun Karajaan Sunda, diantawisna ku nelahkeun kapuloan di nusantara ieu ku nami Sunda Ageung jeung Sunda Alit.
* * * * *
Paguneman ieu nunjukeun kana hiji hal, nyaeta Sunda teh dina mangsa babaraha abad nu kalangkung parantos tiasa nanjeur, oge diaku "eksistensi"-na ku bangsa deungeun. Atuh ayeuna giliran urang salaku seke seler Sunda nu ngagaduhan kawajiban pikeun nanjeurkeun deui Sunda sareng Kasundaan ku pangabisa jeung pangaweruh urang sewang-sewang.
US geura hudang euy!!!
Cag,
hendra
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

tah, murudul katerangan sejen anu ngeuyeuban.
mun palebah perang Bubat teu diasupkeun kana lalakon sasakala Sunda Gede
Sunda Leutik -sebut we jamana beh ditu keneh atawa malah perang Bubat teh
sabenerna mah teu kungsi kajadian tapi carita direka walanda ('aliran
Sunda' kang Ilen)- katerangan ti Bah Willy oge kang Rachmat Rawyani keuna
pisan kana logika sasakala.
konsep Nusantara majapahit gajah mada
carita majapahit gajah mada palapa eta digedeukeun ku urang wetan oge
sebrang sangkan nasionalisme -cinta tanah air tea - di urang harurung,
bari teu reueus ka walanda-nu ayeuna dianggap ngajajah tea, tarjamahan ti
kolonialisasi.
mere carita yen baheula memeh walanda datang, di kawasan kepulauan
nusantara, geus pernah ieu wewengkon teh ngahiji, nyaeta jaman majapahit
cenah. sumpah palapa tea. sangkan urang sebrang ka pilem oge, nya disebut
oge jaman sriwijaya.
carita kitu sarimbag jeung carita viking di skandinavia. ngan di dinya mah
memang raja2 di unggal negeri ayeuna masih katurunan viking kabeh (hehe,
aya dina novel Louisiana Louisiana :)
politik kolonialisasi di india
enya, soal hindia-india tea. nepi ka inggris jeung walanda masing2 boga
dua hindia. india asli jeung hindia barat nu inggris, hindia atawa india
timur nu walanda (east indies) alias indonesia ayeuna. ngaran resmina mah
asana,basa urang na, india timur belanda (Netherlandsche East-Indies
kitulah). siga Guyana Perancis. tapi ari perkara geografi mah, angger we,
Sunda Besar Sunda Kecil.
Do you Yahoo!?
With a free 1 GB, there's more in store with Yahoo! Mail.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.