Sigana krisis anu nuju kaalaman ku bangsa urang teh, nu pang pokona mah nya paktor utamana mah pamingpin. Margi sistim budaya urang mah masih nyoko ka paternalistik tea. Siga kamari, para pamuda sulawesi nyalonkeun Ilham Habibie sabage pupuhu ICMI. Kasangtukangna ceuk kuring mah kusabab putra pa Habibie. Conto anu jelas mah, nyaeta Ceu Megawati. rahayat pan "mengharap banyak" ka putrana proklamator ieu. tapi kanyataanana urang sadaya tos pada aruninga.
Naha pamingpin teh kudu boga "kokocoran" teureuh pamingpin atawa bisa dijieun atawa disiapkeun?Enya siga sakola STPDN atawa PTIK atawa AKABRI, pan eta teh tempat ngagodog para pamingpin. Sok sanajan aya oge pamingpin anu lain ti jalur sakola eta. Tapi kacindekanana lamun rek jadi pamingpin perlu aya persiapan, perlu disiapkeun. Siga anu ku kuring ngadenge sorangan ,kumaha pa Habibie, bisa jadi siga ayeuna, nya gara-garana teh pedah keur waktu kuliah di ITB mirengkeun pidato Bung Karno. ti harita sumangetna ngagedur pikeun tolab ilmi jang kamaslahatan bangsa. Tah ayeuna urang sadaya, urang tos sabaraha taun ngumpul di milis KUSnet, tos katingali hasilna/prestasi jeung sumanget para anggotana kana Kasundaan. Tos teu diragukeun deui. Tah ayeuna urang kantun milarian pamingpin urang sunda, anu tiasa mingpin 5 - 10 taun kapayun. Tah kumaha ceuk baraya sadaya? Pamingpin siga kumaha anu dipiharep? baktos, mrachmatrawyani __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

