Sigana Kang Yani teu rido kitu ningali Banten jadi
propinsi cerai jeung Prop. Jabar hehee.
Biasa lah kang ku aji mungpung tea...mungpung aing jadi
pajabat kumaha karep aing we..
Dina sistem pamarentahan nu anyar jadi dimana sistemna
masih jauh kana sampurna masih perlu loba balajar dina sistem pamarentahan nu
"good goverment" jeung "clean goverment" tea. Tapi
disakuliling dunia ieu moal aya pamarentahan nu bener-bener sarebu persen
"good goverment" jeung "clean goverment" sabab manusia
mah loba kahayang.
Lebah dieu ulah salahkeun kusabab aya otda tea jadi para
koruptor pindah ka daerah2. Aya otda teu aya otda oge mun
mental pajabatna "loba kayang" mah tetep we korupsimah
jalan.
Salami banten masih ngahiji jeung jabar pangwangunan di
banten masih "kurang dirasakan" ku masy.banten. Ayana pembagian
hasil alam jeung pendapatan daerah nu berlimpah di banten teu saimbang.
Nyuhun pidu'ana ayeuna banten keur bebenah keneh, taun
2057 banten bakal jadi kembaranna Brunei darussalam..sugan.
-------Original Message-------
Subject: [Urang
Sunda] WABUP LEBAK NARKOBA...teladan
Banten teh sigana ku ayana otonomi daerah jadi sumber
masalah,kumargi masalah SDM na anu teu siap mayunan
kamajuan jaman. (Ieu mah ceuk pipkiran kuring), waktos
baheula teu acan janten otonomi, wewengkon ieu teh
kawilang anu paling kakantun dibandingkeun sareng
kabupaten sanes di Jawa Barat, tina aspek sarana
prasarana fisik, sareng anu lianna. Kamashuran
kesultanan Banten heubeul ngan jadi impian para
kokolot. Pas aya lolongkrang ku ayana otonomi daerah,
kasemptan ieu jigana dijadikeun alesan pikeun
misahkeun maneh ti propinsi Jawa barat. Sok sanajan
aya tokoh-tokoh ti Banten anu tos "manggung" di
tingkat nasional, tapi sigana teu merata SDM unggul
nyaliara ka masyarakat Banten. Atuh puguh wae, sabada
disyahkeun jadi hiji propinsi Banten, seueur pamingpin
"karbitan" anu nyepeng kalungguhan kakawasaan.
Gupernurna "bermasalah", nya kitu oge wakil
gupernurna. Sanes bohong, lamun di salah sahiji
kabupaten di Banten aya bupati "preman". Batur
kuring
anu janten dokter, tos ngaraoskeun kumah jadi korban
kalakuan preman bupati eta, ngadekem di penjara baru
jeung teu jelas dasar hukumna. Carita pondokna mah,
Atuh Banten teh hiji "rimba raya" pamarentahan,
anu
sanes janten picontoeun anu sae tebih tina "good
Kedah aya "terobosan" kumaha nyehatkeun provinsi
eta.
Sanes teu aya SDM anu sae, tapi nyaeta masih dominan
sigana "pola lama" kakawasaan teh samacam
"power tens
> Wilujeng enjing baraya,
> si kuring maca di koran jawa pos beu..aya pajabat
> wabup lebak katangkep keur
> pesat narkoba katut purelna duaan.....
> kumaha tah mun pamingpinna geus kitu...masih bisa
__________________________________________________
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam
protection around
<*> To visit your group on the web, go to:
<*> To unsubscribe from this group, send an email
to:
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
|