Coca Cola, KFC, McD saleresna ngan saukur "icon" globalisasi da saleresna mah nu bogana urang Indonesia-indonesia keneh. Atuh bahan jeung nu digarawena oge urang Indonesia. Di McD sugan aya bule nu ngaladangan urang dahar. Asa acan ngadangu Amerika ngambek kulantaran aya nagara nolak restoran KFC atawa Coca Cola. Tapi kuring yakin lamun nagara urang nolak meuli tarigu atawa kacang kedele ti Amerika, Amerika bakal ngadarigdig kadieu, "maksa" kudu meuli produk-produk pertanian maranehna.
Coca-cola, KDX, McD simbol Amerika, ari mie instan, tahu jeung tempe mah lain ........padahal .....heuheuheu ........puguh eta anu kentel Amerikana mah. Mie nu sok dianggo sarapan ku urang, tariguna ti Amrik, da diurang mah mana aya sawah "tarigu". Kitu deui tahu sumedang, nu dipiagul ku kuring nu urang Sumedang, kacang kedelena teh boa .....boa nu melakna urut presiden Amerika, Carter, nu patani kacang kedele. Pon kitu deui tempe nu cenah mah dahareun tradisional urang Indonesia. Ceuk beja, kedele made in Amrik langkung mirah tibatan kedele lokal, mangkaning mutuna sae. Tukang Tahu di Sumedang tara nganggo kedele lokal, tahuna kirang sae cenah. Janten, percomah ..........ngabaikot Coca Cola, KFC jeung McD mah, malah nu keuna dulur-dulur urang keneh. Tapi ngabaikot dahar Mie, Tahu Jeung Tempe oge susah .................... rek dahar naon atuh ari urang? Baktos, WALUYA --- In [email protected], "Ari R. Fikri" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Frestea teh produksi urang-urang, da ti pun Bapa pisan nu ngagaleuh > enteh na teh. Tapi anjeunna sanes padamel Coca-cola tapi damel > di pausahaan enteh nu dipigaduh ku US oge. > Janten ka leueutan urang luar nagri teh di produksi na mah di TS keneh. Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

