"Ari R. Fikri" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Frestea teh produksi urang-urang, da ti pun Bapa pisan nu ngagaleuh
enteh na teh. Tapi anjeunna sanes padamel Coca-cola tapi damel
di pausahaan enteh nu dipigaduh ku US oge.
Janten ka leueutan urang luar nagri teh di produksi na mah di TS keneh.
Malahan mah anjeunna ngiring icikibung ngadamel resepna.
Naha teu tiasa ngedarkeun nyalira eta teh ?
Majarkeun teh da waragad na gede, utamana waragad promosi,
moal bisa nembus urang-urang mah ka pasar eropa da urang ditu mah
lain teu percaya ka urang Indonesia ngan leuwih percaya ka balad salembur
jeung sabangsana. Sarua jeung urang, leuwih percaya kana produk
eropa/amerika
batan produk sorangan.
Janten upami para wargi peryogi kana per entehan mangga pesen we ka sim
kuring
(Naha jadi promosi, ieu teh :-D )

Leres pisan upami US oge kabagean (saeutik) mung duka sabaraha persenna eta
teh.

Tambihan deuih, urang luar nagreg mah teu senengeun kana cai enteh nu bau
malati
teh da nu kitu mah kedah na oge disebat cai malati.
Janten cai enteh mah warna sareng seungit na oge nya enteh we.
Sareng ari US + UIndonesia mah kirang senengeun upami dipasihan enteh anu
sae,
anu sok diiinum ku bangsa deungeun tea. Senengna teh ka na enteh panyapuan,
muhun
sesa-sesa di sapukeun, anu teras di campur malati tea, da nu sae na mah di
ekspor ka LN.
Bilih teu percanten mangga buka geura eusi Teh Celup katinggalna pan dedek
anu lembut
pisan eta teh.
Mung upami milarian nu sae mah tara diical eceran eta teh, upami hoyong
terang mah mangga
ameng ka rorompok geura ;-)

pun Ari.



Bring words and photos together (easily) with
PhotoMail - it's free and works with Yahoo! Mail.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke