Muhun baheula mah kep sunda besar jeung kep sunda kecil ..AL JABAR ge teu aya gentos janteun  matematika.
----- Original Message -----
Sent: Friday, January 27, 2006 3:19 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Sunda Ageung, Sunda Alit, jeung Badak Sunda

Manawi abdi mah teu pisan-pisan wantun bae dina 'desertasi' teh ngangge peta Indonesia anu aya "Sunda Islands" sareng ' Lesser Sunda Islands", sok sanaos aya anu ngaleungitkeun dua istilah eta. Margi eta fakta sajarah, dunia ngangken kuti, walohu alam.

Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Upami (minimal) nu di Tatar Sunda tetep konsisten make peta kawas peta heubeul make Sunda Besar, Sunda Kecil, oge media massa nu di Tatar Sunda konsisten make istilah Sunda Besar, Sunda Kecil sareng Badak Sunda (badak cula hiji) tangtosna eksistensi "sunda" minimal katahan di wilayahna.
 
Ieu mah lengkah defensif panginten. Simpelna mah naha tiasa kitu pemda/disbudpar ngadrop peta nu masih make Sunda Besar-Sunda Kecil, oge ngawajibkeun media massa make istilah Sunda Besar, Kecil & Badak Sunda keur ba dak nu cula na hiji.

Salam
Jalak Pakuan

dede mariana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nya memang kitu ayana ari fakta geografis nu oge fakta sajarah mah, dataran sunda mah nya dataran sunda we, oge kumpulan pulau-pulau sunda besar sareng pulau-pulau sunda kecil. Keur kuring sakola SD kira-kira taun 1969/ 1970an mah atlas peta ge asana mah masih nyantumkeun eta sesebatan (sunda besar - sunda kecil) keru pulo2 di nusantara teh ngan tah asana mah ti taun 1980an atrals-atlas nu terbit di urang, tos teu nyantumkeun deui sesebutan eta. Duka ku saha jeung naha dihaja kitu ngaleuingitkeun ata sesebutan ? wallohu alam, ngan nu jelas pasti rundayan barudak urang sunda ti wangkit harina meureun mimitina teu wanoh kana sesebutan eta teh. Padahal mun ningal atlas dunya katut peta dina encyclopedia mah nya tetep we sesebutan sunda besar sunda kecil jeung dataran sunda teh masih keneh aya. naha iru teh sual pulitik (policy) kitu ? ah jiga nu suudzon nya. Tapi anehna memang urang sunda na sorangan (kaasup abdi jigana) teu pati malire oge nya ... da jiga miceun2 waktu mikiran nu kitu.
 
Aya deui sabenerna nu aneh teh coba eta, "Rhinoceros Sondaicus", nami latin badak cula hiji nu baheula mah jadi maskotna Jawa Barat ayeuna mah maskotna Banten, na da dialihbasakeun teh bet jadi "Badak Jawa" lain "Badak Sunda". Meureun pedah hirupna eta badak teh di Pulau Jawa beulah kulon di ujung kulon, tapi mun nilik kana sebutan latin tea pan jelas2 Sondaicus nya kuduna mah Bdak Sunda. Tapi da teu paduli tea, ah diingkeun we nya.
 
mangga nyanggakeun ka nu ahli na wae nun.
 
Wassalam,
DMar

Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Asalamu alaikum,
Eh leres pisan, abdi oge tos muka www.worldatlas.com urang sunda hungkul anu disebat teh, nyaeta 'sunda islands' sareng lesser sunda islands' , tapi Irian teu kalebet ka mana-mana?? .Janten sadaya pulo kagungan urang sunda kitu??? Urang Sumatera ka abdi majar teh orang sunda hanya punya selat doang cenah, orang jawa yang tak mau disebut jawa??kitu majar teh; rupina teu uningaeun peta Indonesia sapertos eta kawasna. Tapi tangtos moal aya urang sunda anu aku-angga kabeh pulo boga kuring sorangan?? Nupuguh mah bukti sejarah sareng geografi we panginten, mangga atuh para saderek pilarian waleranana naha bet kitu geuning?? Baktos abdi.

Ohne Iskandar <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Faisal....
Sunda Ageu ng sareng Sunda Alit teh eta sebatan
konvensional ti para geographer pikeun ka sakumpulan
pulo-pulo di Nusantara anu aya kaitanana sareng
kondisi geologi. Pulo-pulo nu aya di Paparan Sunda,
kacuali Sulawesi, nyaeta Sumatera, Jawa, sareng
Kalimantan lebet ka kalompok Sunda Ageung. Ari paparan
sunda teh nyambung ti samananjung Malaya sareng asia
tenggara. Ari sebatan sunda alit nya pikeun ka
pulo-pulo di Nusa Tenggara. Kunaon namina Sunda Ageung
atanapi Sunda Alit? Na sanes Jawa Ageung sareng Jawa
Alit? Duka teuing eta mah teu terang...hehehe
Salam
N'day

--- faisal akbar <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Saha nu terang sabab sabab na, Baheula "semenanjung
> Indonesia" kalebet oge "semenanjung malaysia"
> disebat
> sunda ageung jeung alit ??
> Aya sajarawan anu tiasa ngungkapeun ieu ?? Leres ieu
> teh ngan masalah "terminologi" hungkul atanapi aya
> pangakuan kana sajarah sunda anu ageung ??
>
> Dina buku sajarah nu kapengker abdi pernah maca yen,
> Sumatra (include Malaysia), Kalimantan (include
> malaysia), Sulawesi sareng Jawa (ayeuna),
> disebatkeun
> SUNDA AGEUNG.
> Pulau2 alit dibelaheun timur jawa, bali, NTT/NTB,
> timor sareng Irian (upami teu lepat) disebatkeun
> SUNDA
> ALIT.
>
> Dina bahasa Perancis,
> SUNDA AGEUNG disebatna "les grandes Iles de la
> sonde".
> SUNDA ALIT disebatna "les petits iles de la sondes".
>
> Aya sajarawan anu tiasa ngajelaskeun ieu ??
> Naha urang bule wantuneun nyebatkeun yen, Indonesia
> sareng Malaysia nu kapengker teh SUNDA AGEUNG sareng
> SUNDA ALIT. Enya bener eta teh kasalahan kolot urang
> nu baheula (sareng urang bule nu baheula). Upami aya
> nu nyebatkeun eta aya kasalahan, Naon dasar na ??
>
> Naha dina buku2 Sajarah Indonesia nu ayeuna "istilah
> terminologi" ieu, saola h2 disumputkeun.
>
> Naha ayeuna Indonesia, sok disebat2keun NUSANTARA.
> anu
> kalebetna pamanggih GAJAHMADA (nu sajabana teu
> berhasil maksadna alias cacak hukum) da di u-udag ku
> pamarentah MAJAPAHIT.
>
> Sanes eta teh upaya kanggo ngalihkeun peran urang
> SUNDA ?? Supados urang sunda teu uningaeun kana
> SAJARAH-na ?
>
> Sok ahh urang harudang....
>
>


Makarya Mawa Raharja

Do you Yahoo!?
With a free 1 GB, there's more in store with Yahoo! Mail.

YAHOO! GROUPS LINKS






Yahoo! Autos. Looking for a sweet ride? Get pricing, reviews, & more on new and used cars.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke