Tadi siang , kuring, Kang Mumu (FIB), Kang ganang (FIB) sareng kang Kumincir, ngalongok Mang Ayat di Paviliun E2 RS PGI CIkini. Kuring laporan perkawis Pasamoan SIMPAY-KUSnet, sareng paguneman di KUSnet rencana ngadaftarkeun aksara Sunda ka UNICODE. Ceuk kuring teh KUSnet peryogi dukungan ti ahli Kasundaan kanggo ngadukung perkawis aksara sunda.
Saur Mang Ayat teh, "sok wae daptarkeun, tapi beneran heula aksara sundana, entong make aksara sunda anu aya dina bukuna pa Undang S. Darsa, dkk". Sok sanajan dina tim eta teh aya nami Mang Ayat, tapi anjeunna teu ngaraos "sreg" ku ayana tambihan aksara sapertos F, V, Z,jst. "Aksara Sunda asli mah, euweuh hurup-hurup nu kitu teh," saur Mang Ayat. Hurup-hurup eta teh "dipaksa" dilebetkeun ku Pa Wahyu Wibisana (budayawan Sunda). Kirang langkung eta intina kasauran Mang Ayat ka sim kuring, disaksian ku Kang Mumu. (Kang Kumincir harita teu acan sumping). Baktos, mrachmatrawyani __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

