Waalaikum salam wr. wb.
 
Manawi teu lepat, bapa calon panganten isteri sanes muslim, teu tiasa janten wali.
Janten eta bapa calon panganten istri kedah nunjuk wali muhakkam (leres nyeratna..?), kalayan ngikrarkeun kaanu ditunjuk janten wali :
anu eusina (manawi teu lepat) : Bapa anu.... kumargi sim kuring sanes muslim, sim kuring nga ...... (wakilkeun/manawi teu lepat) ka salira kanggo nikahkeun pun anak wasta ....... ka ujang ............
 
Aduh punten na mani hilap-hilap teuing,  sareng kaleresan disrorompok ieu teh, upami dikantor mah asana masih aya dina pabetekan..
 
Sakitu anu tiasa kawaler punten kirang nyugemakeun.
 
ssw 

Ganjar Kurnia [EMAIL PROTECTED]
Ass Wr.Wb.
Manawi aya anu uninga bab syahna perkawinan. Kumaha upami wali (bapa calon panganten istri) sanes muslim, naha tiasa anjeuna ku anjeun anu nikahkeun (ijab kabul) atanapi kedah diwakilkeun? Sumpah, sanes kangge pribados sorangan. Ieu mah aya mahasiswa urang Indonesia anu bade nikah ka urang parancis.
 
Nuhun kana bantosana.




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke