LISUNG
Hujan girimis leutik ngaririncik nalika kuring dongkap ka ieu kampung, Ka sampak di pendopo aya nu keur latihan. "Tamaha jadi lalaki kudu bisa nyieun halu...," ceuk para nonoman dina hiji jeurangan latihan ngagondang. Sajongjongan mah asa bingung, naonnya hartosna tamaha? Asa kakara mendak eta kecap. Bade naroskeun ka nu aya di dinya asa isin. "Ah ke wae pami wangsul bade dipilari dina kamus," gerentes manah teh.
Tos lami pisan teu ningali acara ngagondang teh, duka iraha pangterahirna nongton acara samodel kieu.
Sanaos masih dina wangun latihan, tapina tos ngaraos kataji, reugreug tur reueus. Meureun we ieu mah kusabab di Bogor tea, tong boroning kasenian siga ngagondang kieu, atuh kasenian sunda nu 'standar' wae siga degung jeung kacapi suling masih arang langka nu mintonkeun. Sabari rada olohok oge, pas maos kana naskahna, geuningan aya 'adegan' nu nampi es-em-es, nyarios dina ha-pe jste. Ah pokona hebat lah ngagondang di jaman ayeuna mah -- seueur improvisasi.
Padahal ngagondang teh hiji wangun kasenian nu tumuwuh ti masarakat nu sok tatanen sakumaha umumna urang sunda, nu dipilampah ku para kawula muda na sarengsena panen pare, biasana jadi tempat (arena) pikeun wawanohan atawa milarian jodo antawis jajaka sareng mojangna.
Urang tiasa mendakan ciri nu unik dina pentas ngagondang ieu, nyaeta ayana lisung nu jadi material (parabot) sakaligus kalengkepan anu ngagaduhan posisi nu
penting oge sentral dina ieu kasenian. Adegan demi adegan dilakukeun teu jauh atawa di sakuriling ieu lisung.
Kiwari jaman tos robih, masarakat nu tadina tatanen tos ngalih kana pakasaban nu sanes. Seueur sawah oge huma nu alih fungsi jadi tatangkalan beton siga pabrik, mal, villa, jste. Hal ieu ditambih ku lebetna tehnologi anyar nu ngajadikeun padamelan langkung praktis pikeun patani (nu nyesa keneh). Ku kituna parabot saperti lisung jeung halu ayeuna tos jadi barang anu langka, malih mah tos dipopohokeun. Meureun seueur murangkalih di jaman kiwari nu teu uninga naon ari lisung teh. Antukna mah seni ngagondang pami dipidangkeun teh sok tara nganggo parabot lisung, da bade kamana atuh milarian lisung na.
Tapi, di dieu, di Sindang Barang, sihoreng masih nyampak eta lisung teh, sawios mung hiji-hijina di desa Pasir Eurih ieu. Nu harita dianggo tutunggulan ku opat ibu-ibu ("asana
tos pantes pami disebat nini"), nu nganggo raksukan kabaya sareng sinjang nu leuseuh, khas ibu-ibu ti dusun.
Halu-halu nu ditutukeun gunta-ganti kana lisung ngaluarkeun sora nu ngawirahma 'ritmis' tur 'magis' nu mawa pipikiran nyawang duka nepi ka alam mana, bari sakapeung diiring ku hujan girimis leutik nu ngaririncik....
pun hendra
NC
tamaha = bongan
jeurangan = sessi tina session (oleh-oleh ti kang Oman)
Tutunggulan + Gondang baris dipintonkeun dina acara Seren Taun Sindang Barang ping 4-5 Pebruari 2006 (www.geocities.com/serentaunsindangbarang)
Yahoo! Autos. Looking for a sweet ride? Get pricing, reviews, & more on new and used cars.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

