Ceuk beja, ka hareup mah nagara anu "good governance"
teh salah sahiji cirina teh, peranan nagara di widang
urusan publik beuki alus, urusan-urusan dina sektor
publik leuwih loba dipigawe ku masyarakat, jeung deuih
beuki "haneut" pagawean LSM. Para donatur (funding) ti
luar oge, beuki "ngawowoy" duit ka para LSM, tibatan
ka pamarentah. Contona wae, Kementrian Pemberdayaan
Perempuan, dimana bojo kuring didamel, ngan jadi
"cukang lantaran" aliran dana ti  luar (funding),
terus dipasrahkeun ka LSM, kayaning KOMNAS HAM anak,
NU/Fatayat, jrrd. Siga ayeuna, pamarentah Walanda
(ceuk beja oge) keur bingung, rek dikamanakeun dana
pikeun LSM, sabada Munir maot. Di stop wae cenah, Da
waktu Munir maot teh ayana di wilayah udara nagri
sejen lain di Walanda. jeung deui cenah pamarentah
Indonesia oge euweuh kamajuan "ngabereskeun" kasus
Munir.

Sigana perlu oge aya data-data LSM anu aya di Jawa
Barat dikumpulkeun ku KUSnet, bari jeung ngumpulkeun
agenda kagiatanana,  ngutamakeun kana widang
naon,sabaraha dana anu dipake jeung timana asal sumber
danana. Ti dinya pan bisa kanyahoan prioritas anu kudu
dibere dana, bisa dijieun hiji proposal, pikeun
neangan dana ti luar. Duka tah, di BAPPEDA Jawa barat
aya teu data siga kieu.
Sigana wae, pikahareupeun kudu aya prakarsa 
nyinergikeun kagiatan-kagiatan LSM anu sajenis di
wewengkon Jawa Barat.

baktos,

mrachmatrawyani

--- "Agus K \"PAKUSARAKAN\"" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

> On 1/30/06, soni rosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > sampurasun kang rahmat
> > ngiring mairan...
> >
> > tujuan:
> > Partisipasi Ngamajengkeun Jawabarat.
> > carana:
> > ngadegkeun LSM
> >
> > -prioritas garapanana naon kang?
> > -urang tos gaduh data LSM anu tos aya di
> JawaBarat?
> >
> > di kusnet tos aya :
> > perceka anu ngagarap pendidikan & kebudayaan
> (garapan
> > unggulana pabukon)
> > koperasi amanah sunda ngagarap ekonomi (garapan
> unggulana
> > kosipa urang sunda teu ngabeda2 harkat jeng
> martabat nu penting mah hayang
> > maju :) (AK)
> >
> > hatur nuhun
> > sonirosa


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke